Kabupatén Garut
Kabupatén Garut (Aksara Sunda: ᮊᮘᮥᮕᮒᮦᮔ᮪ ᮌᮛᮥᮒ᮪) mangrupa salah sahiji kabupatén di propinsi Jawa Kulon, Indonésia. Legana 3065.19 km² (1183.48 mi²), nu sacara géografis, aya di antara 6°57′34″ – 7°44′57″ Lintang Kidul jeung 107°24′34″ – 108°7′34″ Bujur Wétan. Wawatesanana[1],
- beulah wétan: kabupatén Tasikmalaya
- beulah kulon: kabupatén Cianjur jeung kabupatén Bandung
- beulah kalér: kabupatén Sumedang
- beulah kidul: sagara Indonésia
Motto | Tata Tengtrem Kerta Raharja |
Propinsi | Jawa Barat |
Ibukota | Tarogong Kidul |
Lega Wilayah | 3.065,19 km² |
Kordinat | 7°12′17″S 107°53′15″E / 7.204694066557747°S 107.88758993570616°EKoordinat: 7°12′17″S 107°53′15″E / 7.204694066557747°S 107.88758993570616°E |
Pangeusi · Jumlah · Kapadetan |
2.604.790 (2021) [1] 849,80 [1] jiwa/km² |
Administratif · Kacamatan · Désa/kal |
42 21kalurahan, 424 désa [2] |
Dasar hukum | - |
Tanggal | 17 Maret 1813 |
Bupati | Rudy Gunawan |
{{{kapala daerah1}}} | {{{nami kapala daerah1}}} |
Kode aréa | 0262 |
DAU | Rp. - |
Ramatloka: http://www.garut.go.id |
Sacara umum, Garut mibanda iklim tropis tapi tiis, suhu hawa rata-ratana 24 °C (76 °F). Curah hujan taunan rata-rata 2,590 mm (102 inci). Wilayah ieu ngawengku wewengkon landeuh nu dikuriling ku gunung api (Gunung Karacak 1838 m, Cikuray 2821 m, Guntur 2249 m, Papandayan 2622 m) di béh kalér, nu luhurna rata-rata 700–750 m luhureun beungeut laut.
Sajarah
Kabupatén Limbangan
Ditilik dina asal-usulna Kabupatén Garut dimimitian ku ayana Kabupatén Limbangan. Limbangan baheulana ibukota Kabupatén Garut saacan dipindahkeun ka Garut. Ngaran Limbangan geus aya dina catetan sejarah mangrupa Babad Limbangan. Numutkeun ti Babad Limbangan, ngaran 'Limbangan' nyaéta usulan ti Sunan Gunung Jati keur ngaganti ngaran Galuh Pakuan. Ngaran 'Limbangan' dicandak ti kecap 'imbangan' anu hartina saimbang[3].
Sateuacanna, Kabupatén Limbangan masuk ka karajaan daérah di handapeun Karajaan Pakuan Pajajaran. Sumber lain nyebutkeun yén Limbangan geus jadi daérah otonom anu ngaranna Karajaan Kertarahayu[3]. Pakuan Pajajaran pecah jadi Karajaan Galuh anu dipingpin ku Sunan Rumenggong di Gunung Poronggol Limbangan, jeung Karajaan Sunda. Karajaan Sunda saanggeusna runtuh jeung jadi bagian ti Sumedang Larang[3]. Nepi ka 24 Maret 1706, status Limbangan dibalikkeun jadi kabupatén sanggeus sababaraha lami jadi bagian distrik Kabupatén Sumedang.[3]
Asal-usul Ngaran Garut
Dina 2 Maret 1811, Kabupatén Balubur Limbangan direbut ku Gubernur Jéndral Herman W. Daendels (tentara kolonial Netherland Indie) antukna bupatina, Tumenggung Wangsakusumah II, turun. Kabupatén Balubur Limbangan ngawengku 6 subdistrik: Balubur, Malangbong, Wanaraja, Wanakerta, Cibeureum, jeung Papandak. Teu lila ti éta Daendels digulingkeun ku Inggris.
Kabupatén Limbangan di taun 1811 ku pamaréntahan Daendels dibubarkeun kusabab produksi kopi nurun nepi ka nol jeung bupati Limbangan nolak nanem nila[3][4]. Dina 16 Pébruari 1813, Kabupatén Limbangan anyar diadegkeun ku Gubernur Jendral Sir Thomas Stamford Bingley Raffles ti Inggris anu ibukotana di daérah Suci. Keur hiji ibukota kabupatén, Suci dianggap teu menuhan sarat ku sabab daérahna leutik[4].
Ku sabab éta, Bupati Limbangan, Adipati Adiwijaya, ngayakeun panitia keur néangan daérah anu cocok jadi ibukota kabupatén Limbangan. Awalna, daérah Cimurah anu jarakna 3 km ti wétan Suci dicalonkeun jadi ibukota kabupatén Limbangan. Pamilihan Cimurah teu jadi ku sabab sumber cai beresih teu dipanggihan. Panitia Ibukota néang deui ka 5 km ti kulon Suci, manggihan hiji daérah anu cocok dijadikeun ibukota. Daérah ieu ngabogaan taneuh anu subur jeung dikurilingan ku mata cai jeung pamandangan gunung saperti Gunung Guntur, Galunggung, Talaga Bodas, jeung Karacak[4].
Asal muasal ngaran 'Garut' dimimitian ku salah sahiji panitia kapanggih kagorés atawa 'kakarut' ku cucuk taneman. Urang Walanda anu jadi salah sahiji panitia nanyakeun naha, anu dijawab ku 'kakarut'. Ku sabab urang Walanda éta teu fasih, manéhna ngan bisa nyebut 'gagarut'. Ti saprak kajadian éta, daérah anu dipanggihan éta dingaranan Ci Garut, anu ayeuna dikenal ku Garut. Ngaran Garut ieu disatujuan ku Bupati Adipati Adiwijaya keur dijadikeun ibukota Limbangan[4].
Dina tanggal 15 Séptember 1813, dilakukeun peletakan batu kahiji dina ngawangun sarana jeung prasarana ibukota saperti pendopo lengkep jeung babancong, tempat Bupati jeung pajabat pamaréntah méré pidato, padumukan, kantor asistén résidén, masjid, jeung alun-alun. Sanggeus pangwangunan ibukota réngsé, ibukota Kabupatén Limbangan pindah ti Suci ka Garut di taun 1821. Numutkeun ti Surat Keputusan Gubernur Jenderal No. 60, per 7 Méi 1913, ngaran Kabupatén Limbangan diganti jadi Kabupatén Garut anu ibukotana aya di Garut dina tanggal 1 Juli 1913. Dina mangsa éta, Bupati Garut anu ngajabat nyaéta R.A.A Wiratanudatar ti taun 1871 nepi ka 1915. Kabupatén Garut ngawengku sababaraha distrik saperti Garut, Bayongbong, Cibatu, Tarogong, Lélés, Balubur Limbangan, Cikajang, Bungbulang, jeung Pameungpeuk, ogé tilu lembur/désa, nyaéta Désa Kota Kulon, Kota Wétan, jeung Margawati[4].
Dina mangsa awal ayana Kabupatén Garut, pangwangunan difokuskeun kana infrastruktur anu dibutuhkeun pamaréntah kolonial Walanda dina widang perkebunan, mineral, jeung obyék wisata. Aréa padumukan pangeusi Garut diwangun di sakitar alun-alun jeung manjang ka wétan sapanjang Societeit Straat[4].
Berkembangna Garut
Di taun 1915, jabatan Bupati anu sateuacanna dipégang ku R.A.A Wiratanudatar diganti ku ponakanna, Adipati Soeria Karta Legawa[4]. Dina masa pamaréntahanna anu dimimitian tanggal 14 Agustus 1915, dumasar ka Kaputusan Gubernur Jenderal, Kabupatén Garut disahkeun jadi daérah otonom. Wewenag Kabupatén Garut diluaskeun ka pembangunan jeung perawatan infrastruktur saperti jalan, jembatan, fasilitas pamaréntahan jeung fasilitas kaséhatan. Tata kota Garut mulai robah ku ayana fasilitas anyar saperti stasion karéta api, kantor pos, apoték, sakola, hotél, jeung toko-toko anyar[4].
Pangwangunan Kabupatén Garut teu ngan sakur di infrastruktur hungkul. Usaha-usaha pertanian jeung pariwisata jadi tumpuan Kabupatén Garut dina ngawangun daérahna. Salah sahiji tokoh anu berjasa dina pangwangunan bidang pertanian Garut nyaéta K. F. Holle, anu dijadikeun ngaran jalan di Garut, nyaéta Jalan Holle (ayeuna Jalan Mandalagiri) jeung monumén patung Holle di Alun-alun Garut[4][5]. Pangwangunan infrastruktur pariwisata dikawitan ku diwangunna hotél-hotél anyar saperti Hotel Papandayan, Hotél Villa Dolce, Hotel Belvedere, jeung Hotél Van Hengel. Sababaraha hotél anyar diwangun ogé di Cilawu, Cisurupan, Tarogong, Banyuresmi, Samarang, jeung Pameungpeuk. Kaindahan bentang alam Garut jeung pangwangunan bidang pariwisata makin ngajadikeun Garut jadi pusat pariwisata di jaman kolonial Walanda[4]. Pamaréntahan Soeria Karta Legawa réngse dina 1929, digantikeun ku Adipati Moh. Moesa Soeria Kartalegawa ti taun 1930-1942[4].
Penjajahan Jepang jeung Masa Kamerdékaan
Masa penjajahan Jepang di Garut dimimitian ku peristiwa pengeboman pangkalan angkatan laut Amérika Sarikat di Pearl Harbour ku pasukan tentara Jepang tanggal 7 Désémber 1941. Serbuan tentara Jepang ka Jawa Kulon dimimitian tanggal 1 Maret 1942 di handapeun komando Staf Tentara ka-16. Daérah Bandung jeung lapangan terbang Kalijati di Subang dimeunangkeun ku Jepang. Dina 8 Maret 1942, pamaréntah Walanda nyerahkeun diri tanpa sarat ka Jepang[6].
Pasukan Jepang masuk ka Garut ti daérah Bandung nepi ka Stasiun Cibatu, Stasiun Garut, jeung ngaliwatan jalan raya Tarogong. Pamaréntah Jepang mulai ngawasaan tempat strategis saperti Hotel Papandayan, Noormaal School, jeung pertokoan anu dibogaan ku masarakat Walanda atawa Tiongkok. Pamaréntahan turunan Walanda anu dipégang ku Adipati Moesa Soeria Kartalegawa masih berlaku dumasar ti Pasal 3 Osamu Seirei[6].
Parobahan sosial jeung politik dirasakeun ku sakabéh masarakat Garut. Pamaréntah Jepang anu dianggep jurusalamet ti pamaréntah Walanda robah jadi penjajah anu kejam jeung sadis. Propaganda Jepang dikuatkeun ku nyanyikeun lagu kebangsaan Kimigayo, hormat ka Kaisar Jepang Tenno Heika ngadep Tokyo dina tata cara seikerei, larangan rahayat ngabogaan radio, jeung ngibarkeun bendéra Hinomaru. Masarakat Garut anu ngalawan kana aturan pamaréntah Jepang biasana dihukum jeung disiksa sacara brutal[6]. Parobahan sistem pamaréntahan ogé dilakukeun ku pamaréntah Jepang, salah sahijina ku ngayakeun sistem pamaréntah tingkat bawah anu dikenal ku istilah tonarigumi (ayeuna Rukun Tatangga).
Di samping éta, pamaréntah Jepang ngayakeun organisasi semi militer jeung militer keur jadi pasukan dina perang Asia Timur Raya, saperti heiho (pembantu prajurit) anu markasna di Hotel Papandayan, keibodan (pembantu polisi) jeung seinendan (barisan pamuda) anu markas na di Gedong Societeit Intra Montes[6]. Propaganda Jepang dina bidang pendidikan dilakukeun ku ngabubarkeun sakola Walanda, ngadirikeun Sakola Rakyat (kokumin gakko) jeung Sakola Menengah Pertama (syoto chugakko), jeung ngajarkeun basa Jepang, utamana aksara hiragana, katakana, jeung kanji dina pembelajaran[6].
Dina kalahna Jepang di Asia-Pasifik, Jepang ngawitan neken daérah pendudukan keur ngabantu dina raraga meunangkeun perang. Di Garut, pamaréntah Jepang ngawajibkeun rahayat ngawajibkeun nanem komoditas tani husus jeung ngumpulkeun hasil bumi ka pamaréntah. Para pangeusi Garut dipaksa masrahkeun harta banda na keur ngadukung Jepang dina perang. Masarakat dina wangsa ieu miskin jeung malarat ku tindakan kejam pamaréntah Walanda[6].
Ku ayana pajoangan rahayat jeung didukung ku kamérdékaan Republik Indonésia dina 17 Agustus 1945, masarakat Garut dibantu ku pajoang ti Yogyakarta, Semarang, jeung Blitar tiasa mukul mundur pasukan Jepang ti Garut. Di awal Novémber 1945, tentara Jepang kaluar ti Garut[6].
Hari Jadi Garut
Hari Jadi Kabupatén Garut awalna masih diperdebatkeun ku kalangan sejarawan. Dumasar ka Tim temuan tulisan tanggal ngamimitian pangwangunan jembatan Leuwidaun, Pencari Fakta Sejarah, ti taun 1965, hari jadi Kabupatén Garut ditetapkeun di tanggal 15 Séptémber 1813[4]. Pada ahirna, numutkeun ka Perda Kabupatén Garut Nomor 30 Taun 2011 ngeunaan Hari Jadi Garut, ditetapkeun yén hari jadi Kabupatén Garut tanggal 16 Fébruari 1813, numutkeun ka palantikan R.A.A Adiwijaya salaku Bupati Limbangan anu ngadirikeun ibukota Garut[4][7].
Géografi
Wilayah
Kabupatén Garut ngabogaan lega 3065.19 km², nu sacara géografis, aya di antara 6°57′34″ – 7°44′57″ Lintang Kidul jeung 107°24′34″ – 108°7′34″ Bujur Wétan[1][8]. Kabupatén Garut wawatesan jeung Kabupatén Tasikmalaya di wétan, Kabupatén Cianjur jeung Kabupatén Bandung di kulon, Kabupatén Sumedang di kalér, jeung Samudra Indonésia di kidul[9]. Pusat Kabupatén Garut aya di 717 méter di luhureun beungeut laut[10].
Kabupatén Garut mangrupa salah sahiji kabupatén anu nyangga Kota Bandung salaku Ibukota Jawa Kulon, anu jarakna 61,5 km ti pusat Kota Bandung. Hal ieu nyebabkeun Kabupatén Bandung boga kadudukan strategis dina ékonomi, sosial, politik, jeung budaya, hususna dina ngembangkeun wilayah Bandung Raya jeung sabudeureunna[8][11].
Géomorfologi
Kabupatén Garut dibagi jadi opat satuan morfologi, nyaéta morfologi kerucut gunung api, bukit rélief kasar, bukit rélief halus jeung pedataran[12]. Satuan morfologi kerucut gunung api aya di puncak Gunung Karacak, Cikuray, jeung Papandayan, miboga ciri has mangrupa tinggi diluhur 2.000 méter anu >40% lembah sempit, pola aliran walungan mancar ti pusat gunung, jeung disusun ku lahar, lava andésit, jeung bréksi vulkanik[12]. Satuan morfologi bukit rélief kasar aya di katinggian 500 nepi ka 1.865 méter, anu cirina mangrupa rélief kasar, berlembah sempit jeung ayana léréng terjal anu kadéngdékanna di tingkat 15-40%. Pola walungan rélief kasar digolongkeun subdendritik, sawaréhna subparalél. Batuan penyusun morfologi rélief kasar nyaéta endapan vulkanik tua anu kasusun ku bréksi vulkanik, lava andésit, tufa gelas, jeung bongkahan andésit-basal[12]. Satuan morfologi bukit rélief halus dipanggihan di bagian kalér, tengah, jeung kidul Garut, anu dicirikeun ku kadéngdékan di antara 2-15%, lembah nu teu pati miring, sungai anu gradiénna leutik nepi sedeng. Pola walungan bukit rélief halus ditandaan ku bentuk dendritik jeung subparalel. Bukit rélief halus di Garut kasusun ku endapan vulkanik muda jeung térsiér. Satuan morfologi pedataran aya di bagian dataran garut, anu ditandaan ku rélief datar nu kadéngdékanna kurang ti 2% nepi 15%, tinggina aya di 700 nepi ka 800 méter di luhureun beungeut laut. Aliran walungan dina morfologi pedataran Garut ngabentuk pola déndritik jeung sawaréh anastomatik. Batuan dina morfologi ieu disusun ku rombakan batu kolot anu diendapkeun jadi endapan alluvial jeung kipas alluvial[12].
Évolusi bentang alam Kabupatén Garut diajukeun tina dua pendekatan hipotesis ku Bemmelen (1949) jeung Hamilton (1979)[12]. Bemmelen ngusulkeun yén Kabupatén Garut dibentuk ku aktivitas vulkanik anu terjadi dina période Kuartér (sakitar 2 juta taun katukang). Sanggeus ayana pergerakan téktonik anu micu ngabentukna pegunungan di ahir période Pleistosén, terjadi déformasi régional nu digerakkeun ku sababaraha patahan saperti patahan Lémbang, Kancanaa, jeun Malabar-Tilu. Daérah dataran antar gunung Garut ngalaman panurunan ku prosés isotasi atawa penyeimbangan batuan dasar jeung pembebanan batuan sédimen volkaniklasik diluhureunna[12]. Dina téori Hamilton ngeunaan konsep lémpéng téktonik, pembentukan gunung api di Zona Bandung kakait ku ayana busur magmatis Sunda anu kabentuk jeung dikontrol ku subduksi Lémpéng Samudera Hindia anu nyusup sakitar 6-10 cm/taun di handapeun Lémpéng Kontinen Asia. Bongkahan lémpéng samudera kalelep dina mantél bumi luar anu suhuna 3000°C anu nyebabkeun pencairan balik. Ku sabab béda komposisi lémpeng jeung mantél bumi luar anu masing-masing sifatna basa jeung asam, dina proses pencairan bakal muncul asimilasi magma anu ngajadikeun magma gerak ka permukaan ngabentuk busur magmatis anu disusun tina bahan andesitis-basaltis. Busur magmatis nyebabkeun ayana gerakan téktonik internal anu jadi sebab proses pelipatan, patahan jeung pembentukan cekungan di antara gunung[12].
Topografi
Pagunungan
Kabupatén Garut dikurilingan ku opat gunung, Gunung Karacak (1.838 m), Gunung Cikuray (2.821 m), Gunung Papandayan (2.622 m), jeung Gunung Guntur (2.249 m)[10]. Ciri topografi Kabupatén Garut di bagian kalér ditandaan ku ayana dataran tinggi jeung gunung, di bagian kidul ngabogaan tingkat kadéngdékan ekstrem jeung labil. Tinggi daérah Kabupatén Garut variatif, dina daérah paling handap sajajar beungeut laut, jeung paling tinggi aya daérah gunung. Kacamatan Pakénjéng jeung Pamulihan aya di 500-1000 méter di luhureun beungeut laut, kacamatan Cikajang, Pakénjéng, Pamulihan, Cisurupan, jeung Ciséwu 100-1500 méter di luhureun beungeut laut, jeung kacamatan Cibalong, Cisompét, Ciséwu, Cikelet, jeung Bungbulang di 100 - 500 méter di luhureun beungeut laut. Daérah Kabupatén Garut paling handap aya di kacamatan Cibalong jeung Pameungpeuk anu tinggina kurang ti 100 méter di luhureun beungeut laut[10]
Bagian Garut kalér anu dikurilingan ku pagunungan vulkanik umumna ngabogaan léréng anu kadéngdékanna 30-45% di puncak, 15-30% di bagian tengah, jeung 10-15% di kaki pagunungan. Léréng gunung umumna diharuduman ku végétasi lebat ku sabab lolobana asup kana aréa konservasi alam[10].
Walungan jeung Sumber Cai
Numutkeun ti aliran walungan anu aya, walungan di daérah Kabupatén Garut dibagi jadi dua Daérah Aliran Walungan (DAW) nyaéta Daérah Aliran Kalér jeung Kidul anu muarana masing-masing di Laut Jawa jeung Samudera Indonésia. Daérah Aliran Kidul ngabogaan karakteristik walungan anu pondok, sempit, jeung berlembah tibatan bagian kalér. Daérah Aliran Kalér asup kana DAW Cimanuk Kalér, sedengkeun bagian kidul jadi bagian tina DAW Cikaéngan jeung Cilaki. Di Kabupatén Garut aya 33 walungan jeung 101 anak walungan anu total panjangna 1.397,34 km, sapanjang 92 km mangrupa aliran ti Walungan Cimanuk anu boga 58 anak walungan[10].
Hasil interprétasi satélit Landsat di Zona Bandung nunjukkeun yén pola aliran walungan anu berkembang di antara pagunungan Garut Kalér ngabentuk karakter ngadaun anu aliran utamana aya di Walungan Cimanuk ngarah ka kalér. Aliran Walungan Cimanuk dipasok tina cabang anak walungan di sakuriling pagunungan Garut[10].
Mata cai taneuh anu aya di Kabupatén Garut aya di 12 titik. Debit mata air panggedéna aya di daérah Cibuyutan, Léwobaru, Malangbong anu ngahasilkeun cai 700 liter per detik, disusul ku Cipapar jeung Cipancar, Lélés sagedé 300 liter per detikna[13].
Iklim jeung Cuaca
Numutkeun ti klasifikasi iklim Köppen, wilayah Kabupatén Garut kaasup ka daérah iklim tropis baseuh (humid tropical climate) tipe Af nepi Am. Iklim jeung cuaca di Kabupatén Garut dipengaruhan ku pola sirkulasi angin musiman, topografi regional nu bergunung di tengah Jawa Kulon, jeung élévasi topografi aréa Bandung. Curah hujan rata-rata di daérah Garut aya dina rata-rata 2.589 mm, jeung di sabudeureun pegunungan Garut aya di 3500 - 4000 mm. Ku sabab éta, iklim Garut ngabogaan bulan baseuh 9 bulan jeung bulan garing 3 bulan. Suhu bulanan daérah Garut aya di kisaran 24-27°C. Angka penguap keringatan (evapotranspirasi) Kabupatén Garut numutkeun kana Iwaco-Waseco (1991) nyaéta 1.572 mm/taun[14]. Dina sapoé, inténsitas hujan di Kabupatén Garut leuwih ti 200 mm, ngaleuwihan ambang batas serap cai hujan sakitar 150 mm. Cai hujan anu teu kaserep jadi salah sahiji risiko rawan caah di Kabupatén Garut[15].
Dina musim hujan, angin ti arah kalér ngulon mawa udara baseuh ti Laut Tiongkok Kidul jeung kulon laut Jawa. Dina musim halodo, angin kering anu suhuna relatif tinggi dibawa ti arah kidul ngétan, nyaéta ti Australia[14].
Pamaréntahan
Daftar Bupati
Di handap ieu béréndélan bupati Garut ti mimiti ngadegna Kabupatén Limbangan di Suci (anyar) nu lajeng robah jadi Kabupatén Garut.
No | Bupati | Awal ngajabat | Ahir ngajabat | Période | Katerangan | Wakil Bupati | ||
---|---|---|---|---|---|---|---|---|
R.A.A. Adiwijaya | [ket. 1] | |||||||
R.A.A. Kusumadinata | ||||||||
Tumenggung Jaya Diningrat | ||||||||
R.A.A. Wiratanudatar VII | ||||||||
R.A.A. Soeria Kartalegawa | [ket. 2] | |||||||
R.A.A. Muh. Musa Suria Kertalegawa | ||||||||
R. Tumenggung Endung Suriaputra | [ket. 3] | |||||||
R. Kalih Wiramihardja | ||||||||
R. Tumenggung Agus Padmanagara | [ket. 4] | |||||||
R. Tumenggung Kartahudaya | ||||||||
R. Moh. Sabri Kartasomantri | ||||||||
R. Moh. Noh Kartanegara | ||||||||
R. Gahara Widjaja Suria | [ket. 5] | |||||||
Letkol Akil Ahyar Mansyur | ||||||||
R.M. Bob Yacob Ishak | [ket. 6] | |||||||
Drs. R. Moh. Syamsudin | ||||||||
Hasan Wirahadikusumah | (1973) |
|||||||
Letkol Iman Sulaeman | (1978) |
|||||||
Letkol Kav Taufik Hidayat | (1983) |
[ket. 7] | ||||||
Momon Gandasasmita | (1988) |
|||||||
Toharudin Gani | (1993) |
|||||||
Dede Satibi | (1999) |
|||||||
Agus Supriadi | (2004) |
[ket. 8][ket. 9] | ||||||
Memo Hermawan | ||||||||
Aceng Fikri | (2009) |
[ket. 10] | ||||||
Agus Hamdani | [ket. 11] | |||||||
Rudi Gunawan | (2014) |
|||||||
(2019) |
Kacamatan
Kabupatén Garut ngabogaan 42 kacamatan, 12 kalurahan, jeung 421 désa. Di taun 2021, jumlah pangeusi Kabupatén Garut 2.604.790 jiwa dina kapadetan 849,80 jiwa/km². Kacamatan, kalurahan, jeung désa di Kabupatén Garut nyaéta:
Kode
Kemendagri |
Kecamatan | Kelurahan | Desa | Status | Daftar
Desa/Kelurahan |
---|---|---|---|---|---|
32.05.23 | Banjarwangi | 11 | Desa | ||
32.05.06 | Banyuresmi | 15 | Desa | ||
32.05.17 | Bayongbong | 18 | Desa | ||
32.05.38 | Balubur Limbangan | 14 | Desa | ||
32.05.31 | Bungbulang | 13 | Desa | ||
32.05.36 | Caringin | 6 | Desa | ||
32.05.29 | Cibalong | 11 | Desa | ||
32.05.12 | Cibatu | 11 | Desa | ||
32.05.40 | Cibiuk | 5 | Desa | ||
32.05.18 | Cigedug | 5 | Desa | ||
32.05.25 | Cihurip | 4 | Desa | ||
32.05.22 | Cikajang | 12 | Desa | ||
32.05.30 | Cikelet | 11 | Desa | ||
32.05.19 | Cilawu | 18 | Desa | ||
32.05.35 | Cisewu | 9 | Desa | ||
32.05.28 | Cisompet | 11 | Desa | ||
32.05.20 | Cisurupan | 17 | Desa | ||
32.05.01 | Garut Kota | 11 | - | Kelurahan | |
32.05.10 | Kadungora | 14 | Desa | ||
32.05.02 | Karangpawitan | 4 | 16 | Desa | |
Kelurahan | |||||
32.05.16 | Karangtengah | 4 | Desa | ||
32.05.13 | Kersamanah | 6 | Desa | ||
32.05.09 | Leles | 12 | Desa | ||
32.05.11 | Leuwigoong | 8 | Desa | ||
32.05.14 | Malangbong | 24 | Desa | ||
32.05.32 | Mekarmukti | 5 | Desa | ||
32.05.33 | Pakenjeng | 13 | Desa | ||
32.05.27 | Pameungpeuk | 8 | Desa | ||
32.05.34 | Pamulihan | 5 | Desa | ||
32.05.41 | Pangatikan | 8 | Desa | ||
32.05.08 | Pasirwangi | 12 | Desa | ||
32.05.26 | Peundeuy | 6 | Desa | ||
32.05.07 | Samarang | 13 | Desa | ||
32.05.39 | Selaawi | 7 | Desa | ||
32.05.24 | Singajaya | 9 | Desa | ||
32.05.42 | Sucinaraja | 7 | Desa | ||
32.05.21 | Sukaresmi | 7 | Desa | ||
32.05.15 | Sukawening | 11 | Desa | ||
32.05.37 | Talegong | 7 | Desa | ||
32.05.04 | Tarogong Kaler | 1 | 12 | Desa | |
Kelurahan | |||||
32.05.05 | Tarogong Kidul | 5 | 7 | Desa | |
Kelurahan | |||||
32.05.03 | Wanaraja | 9 | Desa |
Topologi
Dumasar topologina, Garut dibagi jadi dua wilayah:
- Garut Kalér nu ngawengku tatar luhur/pagunungan salaku pamasok poko béas di Garut
- Garut Kidul nu lolobana mangrupa tataran nu teu rata, aya salosin walungan nu ngalir ka kidul, ngamuara di laut kidul.
Wisata
Aya loba tempat wisata di Garut, ti mimiti wisata basisir di Kidul nepi ka panorama pagunungan, kawah, situ, jeung curug. Malah geus ti jaman kolonial Walanda kénéh Garut kawentar salaku salah sahiji tujuan wisata, boh keur wisatawan lokal atawa luar, nepi ka katelah salaku "Swiss van Java".
Sababaraha obyék wisata nu aya di Garut di antarana:
- Basisir Santolo
- Basisir Cilauteureun
- Basisir Rancabuaya
- Candi Cangkuang
- Curug Orok
- Curug Sanghiang Tarajé
- Kebon sato Cikembulan
- Pamandian Cipanas
- Pameungpeuk
- Sampireun
- Situ Bagendit
- Situ Cangkuang
Hasil bumi & industri
Kasuburan taneuh teu rata kapangaruhan ku pagunungan, walungan, jeung tatar handap basisir, antukna usaha tatanén nu loyog nyaéta perkebunan kawas entéh, ogé tani (sawah & huma), sayur, peternakan, sarta ngokolakeun leuweung.[19]
Sababaraha hasil bumi Garut nu has di antarana,
- jeruk garut
- domba garut
- dodol garut
- minyak akar wangi (Vetiver, Andropogon zizanioides)
- batik tulis garutan
- kaén sutra
- serat haramay
- batu ali
- karajinan kulit
- karajinan awi
- kaos oblong garut
- chocodot (coklat + dodol )
- Brodol (brownis dodol)
- gantungan konci
- jaket kulit
- dorokdok sapi + munding
- gamelan sunda
- pakaian tradisional sunda
- karajinan kerang laut
Béas Garut
Béas Garut teu pati kawentar kawas béas Cianjur atawa béas Thailand, dalah kitu lamun seug dititénan mah béas Garut téh leuwih onjoy batan nu lian.[20] Kelirna leuwih cékas, pulen mangsa diasakan, dina rasa ogé leuwih ngeunah batan nu lian, ngan waé nu daragang sok ngahaja nyamunikeun asal muasal béas Garut ku jalan diganti ku ngarana ku béas Cianjur dina karungna.[20] Tayalian Andris Wijaya nu nganjrek di Samarang, sabadana tamat nyuprih élmu di Poltek ITB taun 2011.[20]
Manéhna hayang masarakat réa mikawanoh tur mikaresep kana béas Garut, nya nyieun hiji torobosan ku jalan mungkus béas Garut tur diréka-réka sangkan nambah kataji.[20] Béas beunang ngolah manéhna bisa diasakan ku jalan diliwet dina waktu ngan 20 menit, kiwari béas liwet hasil usaha manéhna geus kasohor kalawan jadi oléh-oléh anu mandiri ti Kabupatén Garut.[20]
Galeri
-
Sanatorium Garut, taun1920-an
-
Adu domba di Garut (taun1921)
-
Jalan raya Garut, taun1936
Tumbu Luar
Dicutat tina
- ↑ a b c d Kabupaten Garut Dalam Angka. Garut: Badan Pusat Statistik Kabupaten Garut. 2022.
- ↑ "Kabupaten Garut: Wilayah Administratif". Diarsipkan dari versi asli tanggal 2013-08-10. Diakses tanggal 2013-08-27.
- ↑ a b c d e Infogarut. "Sejarah Kabupaten Limbangan, Cikal Bakal Kabupaten Garut". infogarut.id (dalam id-ID). Diakses tanggal 2023-02-28.
- ↑ a b c d e f g h i j k l m "Sejarah Singkat". www.garutkab.go.id (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-28.
- ↑ "Misteri Raibnya Patung KF Holle dan Pabrik Tenun Terbesar di Garut". SINDOnews.com (dalam id-ID). Diakses tanggal 2023-02-28.
- ↑ a b c d e f g Sofianto, Kunto (2014-03-05). "GARUT PADA MASA PEMERINTAHAN PENDUDUKAN JEPANG (1942-1945)" (dalam bahasa id). Sosiohumaniora 16 (1): 70–86. doi:10.24198/sosiohumaniora.v16i1.5684. ISSN 2443-2660. http://jurnal.unpad.ac.id/sosiohumaniora/article/view/5684.
- ↑ "Peraturan Daerah Kabupaten Garut Nomor 30 Tahun 2011 Tentang Hari Jadi Garut". bpk.go.id. Pemerintah Kabupaten Garut. Diakses tanggal 2023-02-28.
- ↑ a b "Letak Geografis". www.garutkab.go.id (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-28.
- ↑ Salah ngutip: Tag
<ref>
tidak sah; tidak ditemukan teks untuk ref bernama:0
- ↑ a b c d e f "Topografi". www.garutkab.go.id (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-28.
- ↑ "Potensi Kabupaten Garut". badan-penghubung.jabarprov.go.id. Badan Penghubung Pemerintah Provinsi Jawa Barat. Diakses tanggal 2023-02-28.
- ↑ a b c d e f g "Geomorfologi". www.garutkab.go.id (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-28.
- ↑ "Pemerintah Kabupaten Garut - Sumber Daya Air". garutkab.go.id. Pemerintah Kabupaten Garut. Diarsipkan dari versi asli tanggal 2017-06-30.
- ↑ a b "Klimatologi". www.garutkab.go.id (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-28.
- ↑ Purnawati, Tati (Citakan:ISO date/fr2). "Longsor di Pasirdatar: Tiga Orang Tewas Tertimbun". Pikiran Rakyat (Sukabumi)
- ↑ Sejarah Kabupaten Garut I[tutumbu nonaktip permanén] Fokus Jabar
- ↑ a b Sejarah Kabupaten Garut II[tutumbu nonaktip permanén] Fokus Jabar
- ↑ Abdussalam, Muhamad Syarif (Citakan:ISO date/fr2). "Rudy dan Helmi Resmi Dilantik, Pimpin Garut 2 Periode, Bakal Genjot Pariwisata di Antaranya Bagendit". Tribun News. http://jabar.tribunnews.com/2019/01/23/rudy-dan-helmi-resmi-dilantik-pimpin-garut-2-periode-bakal-genjot-pariwisata-di-antaranya-bagendit. Diakses pada 23 Januari 2019
- ↑ Agribisnis Kreatif: Pilar Wirausaha Masa Depan, Kekuatan Dunia Baru Menuju Kemakmuran Hijau. Penebar Swadaya Group. 2012. ISBN 9789790025288.
- ↑ a b c d e Mengembangkan Potensi Masyarakat di Desa & Kelurahan. ISBN 9786024534721.
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |
Salah ngutip: Ditemukan tag <ref>
untuk kelompok bernama "ket.", tapi tidak ditemukan tag <references group="ket."/>
yang berkaitan