1 Oktober
| ||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||
|
1 Oktober nyaéta poé ka-274 dina sataun (ka-275 dina taun kabisat) dina kalénder Gregorian, sésana 91 poé.
Kajadian
édit- 1795 - Bélgia dijajah Perancis.
- 1869 - Austria medalkeun kartu pos munggaran di dunya.
- 1910 - Pausahaan otomotif Ford ngaluncurkeun mobil Modél T.
- 1946 - Para pamingpin Nazi divonis di Pangadilan Nuremberg.
- 1949 - Mao Zedong ngébréhkeun ngadegna Républik Rahayat Tiongkok.
- 1958 - NASA, lembaga antariksa Amérika Sarikat, resmi operasi
- 1960 - Nigéria merdéka ti Ingrris.
- 1961 - DIA (Intelején Pertahanan Amérika) ngadeg.
- 1961 - Kamérun Wétan jeung Kulon ngahiji jadi Républik Féderal Kamérun.
- 1964 - Karéta peluru Jepang mimiti operasi; jalur munggaran ti Tokyo ka Osaka.
- 1965 - Kajadian Gestok di Jakarta, genep jéndral TNI AD sénior jeung sawatara urang lianna dimaténi di Lobang Buaya waktu janari dina maksud kudéta nu disalahkeun ka Batalyon I (Tjakrabirawa) nu dianggap loyal ka PKI.
- 1969 - Concorde mecahkeun halangan sowara pikeun mimitina pisan.
- 1971 - Muhammad Ali ngéléhkeun Joe Frazier dina diadu boksen di Manila Pilipina.
- 1977 - Pélé pangsiun ti dunya sépak bola.
- 1982 - Sony jeung Phillips medalkeun Compact Disc di Jepang. Poé éta kénéh Sony medalkeun ogé model CDP-101, paranti muter compact disc.
- 1985 - Israél nyerang markas PLO di Tunisia, dina naon anu disebut "Operasi Suku Kai".
- 2000 - Panutupan Olimpiadeu Usum Panas 2000.
- 2005 - Bom Bali 2005 nu ngabalukarkeun 26 urang palastra jeung mangrupa serangan térorismeu kadua di Bali saprak Bom Bali 2002.
- 2014 - Microsoft ngarilis vérsi pramidang téhnis ti Windows 10 nu dipiwanoh kalawangngaran sandi Threshold.
Nu babar
édit- 881 - William E. Boeing, insinyur Amérika nu nyieun Pausahaan Boeing, Detroit, Michigan, AS. (td. 1956)
- 1893 - Ip Man, jago kung fu Tionghoa aliran Wing Chun, Fushan, Kwangtung, Tionghoa. (td. 1972).
- 1895 - Liaquat Ali Khan, PM Pakistan munggaran, Punjab, India-Inggris. (td. 1951).
- 1910 - Bonnie Parker, kriminil Amérika (td. 1934)
- 1917 - Gesang, tukang ngawih keroncong, Surakarta, Hindia Walanda. (td. 2010).
- 1924 - Jimmy Carter, présiden AS ka 39, Plains, Georgia, AS.
- 1928 - Zhu Rongji, manten PM RRC, Hunan, Cina.
- 1956 - Theresa May, manten PM Inggris Raya, Eastbourne, Sussex, Inggris.
- 1966 - George Weah, béntang sépakbola Liberia, pajabat présidén Liberia ka-25, Monrovia, Liberia.
- 1971 - Song Il-kook, aktor Koréa Kidul
- 1980 - Sarah Drew, artis Amérika, Stoney Brook, New York, AS.
- 1989 - Brie Larson, artis Amérika
- 1991 - Via Vallen, tukang ngawih dangdut, Surabaya, Jatim, Indonésia.
Nu pupus
édit1965 - Jendral jeung perwira TNI AD korban Gestok di Jakarta:
- Letjen TNI Ahmad Yani (Menteri/Panglima Angkatan Darat/Kapala Staf Komando Operasi Tertinggi) (l. 1922).
- Mayjen TNI Raden Suprapto (Deputi II Menteri/Panglima AD bidang Administrasi) (l. 1920).
- Mayjen TNI Mas Tirtodarmo Haryono (Deputi III Menteri/Panglima AD bidang Perencanaan dan Pembinaan) (l. 1924).
- Mayjen TNI Siswondo Parman (Asistén I Menteri/Panglima AD bidang Intelijén) (l. 1918).
- Brigjen TNI Donald Isaac Panjaitan (Asistén IV Menteri/Panglima AD bidang Logistik) (l. 1925).
- Brigjen TNI Sutoyo Siswomiharjo (Inspektur Kahakiman/Oditur Jenderal Angkatan Darat) (l. 1922).
- Lettu Pierre Tendean (Ajudan Jenderal AH Nasution) (l. 1939).
Poé peré / poé pangingeut-ngingeut
édit- Poé Jalma Kolot Intérnasional
- Poé Kasaktén Pancasila
Tumbu luar
éditArtikel ngeunaan kalénder ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |