Basa Sunda: Béda antarrépisi
m r2.7.3rc2) (bot Nambih: se:Sundagiella |
m r2.7.3rc2) (Robot: Mengubah tr:Sunda dili menjadi tr:Sundaca |
||
Baris ka-143: | Baris ka-143: | ||
[[ta:சுண்டா மொழி]] |
[[ta:சுண்டா மொழி]] |
||
[[th:ภาษาซุนดา]] |
[[th:ภาษาซุนดา]] |
||
[[tr: |
[[tr:Sundaca]] |
||
[[ug:سۇندا تىلى]] |
[[ug:سۇندا تىلى]] |
||
[[uk:Сунданська мова]] |
[[uk:Сунданська мова]] |
Révisi nurutkeun 1 Maret 2013 21.36
Basa Sunda | ||
---|---|---|
'ᮘᮞ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ' | ||
Dipaké di | Indonésia | |
Wewengkon | Jawa Kulon, Banten, Jakarta, sabagian Jawa Tengah (Indonésia) | |
Jumlah panyatur | 32 yuta | |
Rungkun basa | Austronesia
| |
Status resmi | ||
Basa resmi di | Jawa Kulon | |
Diatur ku | Teu diatur kalawan resmi | |
Kode-kode basa | ||
ISO 639-1 | su | |
ISO 639-2 | sun | |
Ethnologue édisi ka-14: | SUN | |
ISO 639-3 | sun |
Basa Sunda minangka basa nu dipaké kurang leuwih ku 27,000,000 jalma di wewengkon kulon pulo Jawa, atawa 13,6% ti populasi Indonésia.
Basa Sunda kagolongkeun kana famili basa Austronésia - Malayo-Polinésia - Malayo Kulon-Polinésia - Sundik nu mibanda sababaraha dialék/logat dumasar padumukan jalmana:
- Banten,
- Bogor,
- Parahyangan,
- Cirebon, jeung
- Brebes
Parahiangan, ngawengku sabagian badag Tatar Sunda, minangka dialék utama (basa lulugu) basa Sunda nu diajarkeun ti mimiti sakola dasar (SD) nepi ka sakola menengah pertama (SLTP), nu ayeuna diajarkeun ogé di SMA sanggeusna kaluar kaputusan ti Gubernur Jawa Barat.
Sajarah
Topik basa Sunda |
---|
Fonologi
Kiwari, sakumaha di sakabéh wewengkon Indonésia, basa Sunda ditulis dina aksara Latin. Aya tujuh sora vokal: a, e (pepet), é, i, o, u, jeung eu; tanpa diftong. Konsonan kawakilan ku aksara b, c, d, g, h, j, k, l, m, n, p, r, s, t, w, y, ny, jeung ng. Konsonan séjén nu datang ti basa deungeun, misalna basa Arab atawa basa Inggris, lolobana dialihbasakeun kana konsonan utama tadi: f -> p, v -> p, sy -> s, sh -> s, z -> j, jeung kh -> h.
Tata Basa
Tata basa Sunda kaasup anu basajan dibandingkeun basa-basa lainna. Aya sawatara ciri basa Sunda, nyaéta:
- taya parubahan kecap dumasar waktu, anu dina basa Inggris disebut tenses. Pikeun nangtukeun waktu, kalimah cukup diwuwuhan ku sawatara kecap saperti kamari, ayeuna, tadi, jsb.
- teu ngabogaan gender dina kecap-kecapna. Kukituna taya parobahan dina kecap-kecapna lantaran ditujukeun ka gender nu béda.
Sistem Tinulis
Dina sajarahna, basa Sunda kungsi ditulis ku rupa-rupa aksara, diantarana:
- aksara Pallawa atawa aksara Pra-Nagari anu dipaké pikeun nuliskeun basa Sangsakerta, dipaké nepi ka abad ka-7,
- aksara Sunda Kuna anu diturunkeun tina aksara Pallawa.
- aksara Cacarakan atawa aksara Jawa, sacara umum marengan asupna Islam jeung kaadaban Jawa ka Cirebon (abad ka-16) jeung Priangan (abad ka-17),
- aksara Pegon, utamana di lingkungan pasantrén, ku asupna ajaran Islam ti tatar Arab,
- aksara Latin, mimiti dipaké ahir abad ka-19, diwanohkeun ku pangjajah Walanda.
Sacara resmi, pamaréntah Jawa Kulon ngaliwatan Perda taun 2003 geus ngarojong aksara Sunda pikeun pakéeun sapopoé.
Tata Krama
Tatakrama minangka hiji hal anu ogé leket dina basa Sunda, utamana dina dialék utamana (Parahiangan). Sanajan sawatara nonoman Sunda kiwari nganggap yén diajar tatakrama basa Sunda téh hésé, tatakrama tetep diajarkeun di sakola-sakola lantaran ku tatakrama ieu diharepkeun sikep silihormat jeung silihajénan.
Gaya Basa
Kawas basa Indonésia, dina basa Sunda ogé aya sababaraha gaya basa, contona:
- ngupamakeun (similé)
- lalandian (métafora)
- mijalma (personifikasi)
- rautan (eufimisme)
- ngasor (litotés)
- rarahulan (hiperbol)
- kadalon (pleonasme)
- silib-sindir (alégori)
- mindoan (repetisi)
Sastra
Basa Sunda euyeub ku rupa-rupa karya sastra, boh anu klasik atawa anu moderen, diantarana:
- mantra/jampe jeung jangjawokan
- sisindiran, paparikan, wawangsalan, sésébréd
- pupuh
- kakawihan
- guguritan
- pupujian
- wawacan
- carita pantun
- dongéng
- carita pondok
- nopél
- drama, jeung
- sajak atawa puisi.