Location via proxy:   [ UP ]  
[Report a bug]   [Manage cookies]                
Unduh sebagai docx, pdf, atau txt
Unduh sebagai docx, pdf, atau txt
Anda di halaman 1dari 5

Assalamualaikum wr wb..

Bapak kepala sakola, sareng bapa/Ibu guru, anu ku simabdi dipihormat, sareng rerencangan
saangkatan, kaka kelas, sareng adi-adi kelas anu ku simabdi pikadeudeuh.

Langkung tipayun hayu urang panjatkeun puji sinareng syukur ka ilahiirabbi nu mana kalayan
hidayah sareng inayahna, urang sadaya tiasa kempel dina ieu tempat ieu dina kayaan sehat walafiat.
Amin

Dina waktos ieu, abdi bade nerangkeun pikeun pentingna ngajaga kabersihan lingkungan kanggo
urang sadayana. Janten, urang sadaya kedah atawa wajib ngajaga kabersihan pikeun diri urang
sorangan.

Dina salah sahiji hadits diterangkeun “Inna dhofatu minal iman” Nu hartosna, “Kabersihan teh
sabagian tina Iman”.

Tina hadits eta, urang tangtu tos ngartos maksad sareng tujuannana, nyaeta urang teh umat muslim
anu ngagaduhan iman dina jero hate urang.

Upami urang sadaya iman ka Allah, berarti urang kudu bersih atanapi suci tina sagala kokotor boh
hadas alit atawa hadas ageung.

Bersih eta sadayana teh nu didasarkeun tina bersih jeung sucina urang sareng lingkungan di sakitar
urang.

Kabersihan sakola kudu urang jaga. Urang kudu mikacinta kabersihan sangkan hate urang ge milu
bersih.

Urang kedah ngajaga lingkungan sakola sapertos ulah micen sampah papaduan, nyurat nyoret
tembok atawa bangku sakola, jeung sajabana.

Supaya dina urang diajar kacipta proses diajar jeung ngajar jadi geunah. Pastina, lamun bersih
tangtuna urang jadi betah mun aya dilingkungan sakola atawa di jero kelas.

Ku kituna, urang kudu ngajaga kabersihan sakola sapertos miceun sampah kudu ka tempatna

Kabersihan oge aya marupi-rupi macemna, nyaeta aya bersih hate, bersih jiwa, bersih raga, sareng
bersih rohani. Tah, urang kudu janten jalmi anu kaasup kana jalma anu bersih sadayana.

Allohumma, amien... Hayu urang sami-sami ningkatkeun pola hirup sehat kanggo kasaean urang
sadaya sangkan tiasa leuwih getol kana ibadah ka Gusti nu Maha Welas tur Maha Asih, ku cara
sasarengan urang hayu ngajaga kabersihan dina lingkungan sakola

Cekap sakitu wae abdi nyanggakeun biantara ieu, pamungkas pisanggem, bilih aya basa anu kirang
entep saeureuhna atanapi kecap anu kirang merenah larapna, mugi kersa ngahapunten.

Wassalammu’alaikum Wr. Wb
Pidato Bahasa Sunda

1. Contoh pidato bahasa Sunda tentang kebersihan

Assalamu’alaikum Wr. Wb. Sampurasun!

Langkung tipayun urang panjatkeun puji sinareng syukur ka Ilahiirobbikalayan hidayah sareng
inayahna, urang sadaya tiasa kempel dina ieu tempat kalawan dina kaayaan sehat walafiat.

Rerencangan anu ku simkuring dipikahormat. Dina ieu waktos, simkuring bade nerangkeun kumaha
pentingna hirup sehat kanggo urang sadayana. Janten, urang sadaya kedah atawa wajib ngajaga
lingkungan sareng awak nyalira pikeun urang sadaya tiasa ngajaga tina sagala panyakit. Kumargi kitu,
urang kedah ningkatkeun pola hirup sehat kanggo kapayuna di kawitan ti ayeuna. Dina salah sahiji
hadits diterangkeun.

“Annadhofatu minal iman”

Nu hartosna : “Kabersihan teh sabagian tina Iman”Tina hadits eta, urang tangtu tos ngartos maksad
sareng tujuanna,nyaeta urang teh umat muslim anu ngagaduhan iman dina jero hate urang. Upami
urang sadaya iman ka Allah, berarti urang kudu bersihatanapi suci tina sagala kokotor boh hadas alit
atawa hadas ageung, anu nyebabkeun urang teu suci. Bersih eta sadaya teh nu didadarkeun dina
bersih jeung sucina urang sareng lingkungan di sakitar urang. Kabersihan sakola oge kudu urang jaga.
Urang kudu mikacinta kabersihan sangkan hate urang ge milu bersih.

Kabersihan teh aya marupi-rupi macemna, nyaeta aya bersih hate, bersih jiwa, bersih raga, sareng
bersih rohani. Tah, urang kudu janten jalmi anu kaasup kana jalma anu bersih sadayana. Allahumma,
amiin… Hayu urang sami-sami ningkatkeun pola hirup sehat kanggo kasaean urang sadaya sangkan
tiasa leuwih getol kana ibadah ka Gusti nu Maha Welas tur Maha Asih.

Rerencangan sadaya anu dipihurmat.Cekap sakitu simkuring nyanggakeun pihatur, pamungkas


pisanggem,bilih aya basa anu kirang entep seureuhna atanapi kecap anu kirang merenah larapna,
mugi kersa ngahapunten.

Wassalamu’alaikum Wr. Wb.

2. Contoh pidato bahasa Sunda tentang kesehatan

Wilujeng enjing ka sadayana, urang panjatkeun puji sareng syukur ka Allah SWT nu atos masihan
kasempatan sareng kasehatan. Nu mana urang tiasa patepang raray di acara ieu.

Ibu/Bapak guru anu dipikahormat sareng rerencangan anu dipikacinta, para wargi anu dipikahormat
ku simkuring.

Dina waktos ieu abdi bade ngadugikeun pentingna urang ngajaga kasehatan kanggo hirup urang
sadayana.

Urang sadaya wajib ngajaga kasehatan sareng kabersihan lingkungan, teras urang teh kedah
ngalaksanakeun hirup sadidinten jeung cara anu sehat.
Misalna mersihan awak pas urang keur ibak, meresihan kuku, nyikat waos anu rutin, jeung sajabana.
Tah eta teh conto cara hirup nu sehat.

Conto anu sanesna urang kedah miceun runtah di tempatna, teu kenging sembarangan, terus lamun
nyiduh ulah di mana wae, batuk atawa beresin ge kudu nutupan bahan ambeh henteu nularkeun
virus ka batur.

Urang teh kedah mikacinta kana kabersihan diri urang, sangkan hate urang ge suci jeung bersih.

Lamun urang hoyong janten jalmi anu jagjag waringkas, urang kedah soson-soson meresihan diri
urang sorangan tina sagala kotor nu aya.

Bade eta kotor jasmani atanapi kotor rohani, upami meresihan kokotor jasmani urang teh kedah
mineng mandi, meresihan lingkungan, jeung sagala kokotor anu bisa nyebabkeun panyakit di diri
urang.

Tuluy kumaha lamun bade meresihan kokotor rohani, carana nyaeta urang kudu ningkatkeun
kaimanan urang jeung ibadah urang ka Gusti Allah. Ngan anu kudu diinget teh, sehat lain saukur
bersih hungkul.

Tapi urang kedah ngagerakeun jasmani urang nu matak ngabagjakeun diri urang. Misalnya urang
rajin olahraga.

Hadirin sadayana cekap sakitu pidato tentang kasehatan ieu, hatur nuhun kana perhatosanana.

Waalaikum salam Wr.Wb.

3. Contoh pidato bahasa Sunda tentang perpisahan

Assalamualaikum Wr. Wb.

Asshaduallailahaillalah wa asyhadu anna muhammadar rasulullah. Ama badu.

Tipayun mangga urang sami-sami panjatkeun puji sinareng syukur ka hadirat Allah SWT. Nu mana
dina kasempetan ieu urang sadaya tiasa ngumpul dina kaayaan sehat wal’afiat.

Shalawat miwah salam mugi tetep dilimpahkeun ka jungjungan urang sadaya Nabi Muhammad SAW.
Teu hilap ka kulawarga, sahabatna, oge ka urang sadaya salaku umatna anu Insya Allah taat kana
ajaran nana, Amin ya robbal alamin.

Hadirin sadaya anu ku simkuring dipihormat, nyuhunkeun waktosna kanggo abdi anu ngawakilan
rerencangan kanggo nyampaikeun amanat dina raraga program perpisahan kelas genep.
Henteu karaos parantos genep taun urang aya didieu. Nu mana ayeuna puncak saleresna urang
sadaya bakal papisah ti sakola ieu. Henteu hilap abdi ngawakilan rerencangan ngahaturkeun rewu
nuhun laksa keti kabingahan ka bapa sareng ibu guru anu mana tos ngajarkeun ka abdi sadaya loba
hal.

Mugia naon anu diajarkeun ku bapa guru sareng ibu guru ka urang sadaya tiasa dimanfaatkeun ka nu
hal konkret sareng aya manfaatna kanggo nusa, bangsa sareng agama. Mugi-mugi amal kasaean
manah bapa miwah ibu guru kenging walesan ti Allah SWT. Amin.

Sakitu ti abdi anu ngawakilan rerencangan sadaya. Kirang lebihna neda dihapunten. Nu mana
kasalahan mah milik abdi sareng kaleuwihan mah tiba ti Allah SWT.

Wabilahitaufik walhidayah wassalamu’alaikum wr.wb.

4. Contoh pidato bahasa Sunda tentang pendidikan

Assalamu’alaikum Wr. Wb.

Ibu Guru pangajar Basa Sunda anu dipikahormat ku sim kuring, sareng rerencangan sadaya anu
dipikacinta ku simkuring. Dina kasempetan ieu, simkuring bade ngadugikeun biantara singget
ngeunaan “Wajib Belajar Pendidikan Dasar “.

Sapertos anu ku urang terang, Pamarentah Indonesia entos ngagratiskeun biaya pendidikan dasar
salapan taun, nyaeta ti tingkat SD nepi ka SMP. Hal ieu teh dikasangtukangan kukayaan ekonomi
unggal jalmi masarakat Indonesia anu beda-beda. Aya masarakat anu mampu, aya oge masarakat
anu kirang mampu.

Pamarentah hoyong sadaya masarakat Indonesia tiasa meunangkeun pendidikan anu layak, boh anu
mampu boh anu kirang mampu. Tujuan pangna Pamarentah ngawajibkeun ka sadaya warga nagara
teh nyaeta sangkan warga nagara palinter. B

Bangsa bakal sejahtera mun masarakatna palinter. Lamun masarakatIndonesia barodo, bangsa
Indonesia moal bisa ngudag kamajuan nagara sejen jeung bakalkalindes ku kamajuan jaman.
Diharepkeun dina diayakeun program wajar dikdas salapan taun, masarakat Indonesia tiasa lebih
maju, utamana dina widang pendidikan.

Sakitu anu tiasa di dugikeun ku simkuring. Hapunten bilih aya kalepatan sareng cariosan nu teu
merenah kanu manah. Hatur nuhun kanu sadaya perhatosan nana.
Wassalamu’alaikum Wr. Wb.

5. Contoh pidato bahasa Sunda tentang 17 Agustus

Assalamualaikum wr.wb.

Alhamdulillah kalawan rahmat Allah swt urang tiasa kumpul sakumaha acara satahun sakali,
shalawat sareng salam mugia dilimpahkeun kabaginda urang nabi muhammad saw, ka kelargina
nempi ka urang sadaya salaku umatna sampe yaumil akhir aamiin..

Simkuring salaku ketua karang taruna ngucapkeun rebu hatur nuhun kasadayana pamuda anu
parantos ikut serta dina terselenggaranya ieu acara 17 agustus, moga-moga ku ayana acara ieu
nambah kacintaan urang sadaya ka NKRI sareng jasa para pahlawan anu tos berjuang kanggo
kamerdekaan RI.

Kukituna abdi ngajak kasadaya pamuda pamudi hayu urang sasarengan ngajaga ieu kamerdekaan
kalayan jadi jalema anu leuwih hade dei, jadi jalma anu mangfaat kanggo sesama, jadi jalma anu
mere conto bener kabudak.

Sia-sia pengorbanan para pahlawan bahela lamun kalakuan urang jiga runtah, kudu isin urang kapara
pejuang bangsa lamun urang hirup arek kiye baemah.

Para pejuang kemerdekaan negara indonesia berkorban jiwa ragana hanya demi nagara urang bebas
ti penjajah, kabina-bina lamun urang arek hirup mahiwal jiga nuedan teu menang diatur. Kukituna
hayu urang sasarengan jaga iyeu kemerdekaan negara kesatuan republik indonesia.

Inti tina pidato iyeu urang supaya eling terus kajasa para pahlawan pendiri bangsa anu parantos
ngintunken urang sadayana, mugi-mugi arwah dipasihan tempat anu paling indah diakherat aamiin.

Sakitu tiabdi salaku ketua karang taruna moga-moga aya mangfaatna, hampura bilih aya cariosan
anu teu enakeun dihate sararea. Sakali dei abdi ngucapken haturnuhun atas terselenggarana iyeu
acara.

Akhirul kalam, billahi taufik walhidayah wassalamualaikum wr.wb.

Anda mungkin juga menyukai