Location via proxy:   [ UP ]  
[Report a bug]   [Manage cookies]                
Lompat ke isi

Yasunari Kawabata

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Yasunari Kawabata dina taun 1951

Yasunari Kawabata, lahir di Osaka, Jepang, tanggal 11 Juni 1899. [1] Kawabata téh sastrawan Jepang munggaran anu kasinugrahan hadiah Nobel dina widang sastra. [1] Ampir taya nu wanoheun di saluareun Jepang mah saméméh narima hadiah Nobel taun 1968. [1] Carpon-carpon jeung novel-novel Kawabata anu nuduhkeun yén Kawabata calakan, témbong umumna dina suasana sedih, nyaritakeun lalakon jalma-jalma anu hanaang ku trésna-asih, séks, atawa hubungan kamanusaan. [1] Kawabata téh anak dokter. [2] Kolotna maot mangsa inyana burey kénéh, saterusna diurus ku ninina ti pihak indung, tur disakolakeun di sakola umum di Jepang.[2] Antara taun 1920 tepi ka 1924 Kawabata nyuprih élmu Universitas Imperial Tokyo, tepi ka nyangking gelar sarjana.[2] Kawabata miluan ngadegkeun Jidai Bungei, publikasi média dina gerakan anyar sastra Jepang modéren.[2] Taun 1959, Kawabata narima medali Goethe di Frankfurt, Jérman. [2] Kawabata tiwas alatan maéhan manéh di Zushi, Jepang dina tanggal 16 April 1972. [1]

Karya-karya Yasunari Kawabata

  • Izu no Odoriko (Tukang Ibing Izu jeung carita-carita lianna) (1927). [1]
  • Asakusa Kurenaidan (1930) [1]
  • Yukiguni (Nagara Salju) (1948) [1]
  • Meijin (Master Go) (1951) [1]
  • Sembazuru (1952) [1]
  • Yama no Oto (Sora Gunung) (1954) [1]
  • Mizuumi (Talaga) (1954) [1]
  • Nemureru Bijo (Imah Parawan Saré) (1960) [1]
  • Koto (Puseur Dayeuh kolot) (1962) [1]
  • Utsukushisa to Kanashimi (Kageulisan jeung Kanalangsaan) (1964) [1]
  • Kataude (Leungeun Sabeulah) (1964) [1]
  • Tanpopo (Dandelion) (1974, medal sanggeus Kawabata tiwas) [1]
  • Palm of the Hand Stories (1988, Kumpulan Carpon, medal sanggeus Kawabata tiwas) [1]
  • Salju Munggaran di Fuji (2000, Kumpulan Carpon, medal sanggeus kawabatan tiwas) [1]

Rujukan

  1. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s http://www.nndb.com/people/769/000141346/ diaksés tgl 28 Nopémber 2011
  2. a b c d e http://www.nobelprize.org/nobel_prizes/literature/laureates/1968/kawabata-bio.html, diaksés tanggal 28 Nopémber 2011