Ati
Ati atawa angen (Basa Inggris: liver) téh salah sahiji organ vertebrata, kaasup manusa, nu pancénna penting pisan dina métabolisme, detoksifikasi ubar, neundeun glikogén, sarta sintésis protéin plasma. Ati ogé ngahasilkeun bili, nu penting pikeun nyerna dahareun. Istilah médis nu patali jeung ati biasana diawalan ku hepato- atawa hepatic, tina hepar (basa Yunani).
Anatomi
Ati manusa normalna mah kira 1 - 2,5 kilo, lemes, kelirna kayas semu coklat, mangrupa organ internal pangbadagna (nu pangbadagna mah kulit) nu perenahna pas handapeun diafragma, luhureun abdomén luhur lebah katuhu, katuhueun burih, sakaligus mangrupa bantalan pikeun hampru.
Saluran getih nu asup kana ati aya dua: arteri hépatik jeung véna portal. Arteri hépatik normalna datang ti celiac artery. Véna portal ngalirkeun getih véna tina limpa, pankréas, jeung peujit leutik, antukna ati bisa ngolah zat-zat gizi sarta produk cerna lianna. Ti véna hépatik, getih ngalir langsung ka véna cava inferior. Ségmén-ségmén nu patali jeung daun anatomis ati nyaéta:
Daun | Ségmén Couinaud |
---|---|
Caudate | 1 |
Kénca | 2, 3 |
Quadrate | 4 |
Katuhu | 5, 6, 7, 8 |
Fisiologi
[édit | édit sumber]Rupa-rupa fungsi ati dijalankeun ku sél ati nu katelah hépatosit.
- Ati ngahasilkeun sarta ngaékskrésikeun bili nu dipikabutuh pikeun nyerna dahareun. Bilina sawaréh langsung asup kana duodenum, sedengkeun sawaréhna deui disimpen dina hampru.
- Ati boga sababaraha pancén dina métabolisme karbohidrat:
- Glukonéogenesis (dibentukna glukosa tina asam amino, laktat atawa gliserol)
- Glikogénolisis (dibentukna glukosa tina glikogén)
- Glikogenesis (dibentukna glikogén tina glukosa)
- Ngarecah insulin sarta hormon lianna
- Ati ogé boga pancén dina métabolisme lipid:
- sintésis koléstérol
- produksi trigliserida (gajih).
- Ati ngahasilkeun faktor koagulasi I (fibrinogén), II (protrombin), V, VII, IX, jeung XI, sarta protéin C, protéin S lan antitrombin.
- Ati ngarecah hémoglobin (pigmén bili mangrupa métabolitna), zat toksik, sarta lolobana produk ubar. Hal ieu kadang ngabalukarkeun toksikasi, nalika métabolit leuwih toksik batan prékursorna.
- Ati ngarobah amonia jadi uréa.
- Ati nyimpen rupa-rupa zat, kaasup glukosa dina bentuk glikogén, vitamin B12, beusi, jeung tambaga.
- Dina fétus triméster munggaran, atina mangrupa loka utama produksi sél getih beureum. Nincak umur minggu ka-42, pancén ieu diganti ku sungsum tulang.
Kasakit
[édit | édit sumber]Kasakit ati loba nu dibarengan ku kasakit konéng balukar tina kadar bilirubin dina sistimna. Bilirubin nu dihasilkeun tina direcahna hémoglobin sél getih beureum paéh; normalna mah, ati téh ngaluarkeun bilirubin tina getih lajeng diékskrésikeun kana bili.
- Hépatitis, inflamasi ati, utamana balukar tina katarajang rupa-rupa virus jeung racun, otoimunitas atawa kondisi turunan.
- Sirosis, formasi jaringan serat dina ati nu ngaganti sél ati paéh. Paéhna sél ati bisa dibalukarkeun nu hépatitis viral, kacanduan alkohol, atawa kontak jeung bahan kimia toksik
- Hémokromatosis, kasakit turunan balukar tina akumulasi beusi jero awak, nu tungtungna ngaruksak ati
- Kangker ati (utamana hepatocellular carcinoma atawa cholangiocarcinoma jeung kangker métastatik, biasana ti bagian séjén saluran cerna)
- kasakit Wilson, kasakit turunan nu ngabalukarkeun awak "ngukut" tambaga
- Primary sclerosing cholangitis, kasakit inflamatori bile duct.
- Primary biliary cirrhosis, kasakit otoimun small bile duct
- Sindrom Budd-Chiari, obstruksi véna hépatik.
Sababaraha uji fungsi ati bisa dilakukeun pikeun nguji fungsi ati, nyaéta ku jalan ngukur kadar énzim, métabolit, atawa produk ati.
Cangkok
[édit | édit sumber]Cangkok ati mangrupa salah sahiji pilihan pikeun nu ngarandapan gagal ati permanén, di antarana kasakit ati kronis nu ngabalukarkeun sirosis, kayaning hépatitis C kronis, kacanduan alkohol, hépatitis otoimun, jsb. Lian ti éta, cangkok ati ogé kungsi dilarapkeun ka nu ngalaman fulminant hepatic failure. Allograft ati pikeun nyangkok ilaharna mah asalna ti donor nu tos maot alatan tatu otak parna. Cangkok ati donor hirup mangrupa téhnik nyangkokkeun sabagian ati jalma nu hirup kénéh pikeun ngaganti sakabéh ati pasén. Téhnik ieu munggaran dijalankeun taun 1989 pikeun cangkok ati murangkalih. Ukur 20% ati sawawa (ségmén Couinaud 2 jeung 3) nu diperlukeun salaku allograft pikeun orok atawa budak leutik. Nu leuwih anyar, cangkok ati ti nu sawawa ka sawawa deui ngagunakeun daun katuhu ati donor (60%-na). ku sabab ati mah bisa regenerasi, fungsi ati boh donor atawa nu nampana bakal tetep normal. Prosedur ieu téh beurat, nepi ka kungsi aya donor nu pupus ti sababaraha ratus kasus awal.
Kamekaran
[édit | édit sumber]Ati mekar salaku endodermal outpocketing of the foregut called the hepatic diverticulum. Its initial blood supply is primarily from the vitelline veins that drain blood from the yolk sac. The superior part of the hepatic diverticulum gives rise to the hepatocytes and bile ducts, while the inferior part becomes the gallbladder and its associated cystic duct.
Asupan getih fétus
[édit | édit sumber]Dina fétus nu keur tumuwuh, sumber utama asupan getih nu ngandung zat-zat gizi ka ati téh nyaéta ngaliwatan véna umbilik. Getih ti véna umbilik asup ka abdomén dina umbilicus, lajeng ngaliwatan margi bébas falciform ligament ati ka bagian jero ati. Di dinya lajeng ngagabung jeung cagak kénca véna portal. Ductus venosus mawa getih ti véna portal kénca ka véna hépatik kénca, lajeng ka véna cava inferior, antukna getih plasénta narabas ati.
Sanggeus borojol, véna umbilik jeung ductus venosus robah dina jangka dua nepi ka lima poé; nu kahiji jadi ligamentum teres, sedengkeun nu kadua jadi ligamentum venosum. Dina kasakit sirosis jeung hiperténsi portal, véna umbilik bisa muka deui.
Organ analog
[édit | édit sumber]Artropoda boga kelenjar nu pancénna sarupa jeung gabungan ati jeung pankréas.
Pangan
[édit | édit sumber]Ati mamalia jeung unggas mangrupa bahan pangan manusa. Eusina loba ngandung Vitamin A.
Rujukan
[édit | édit sumber]- Liver, Wikipédia édisi basa Inggris per 9 Désémber 2005
Pustaka baku médis:
- Eugene R. Schiff, Michael F. Sorrell, Willis C. Maddrey (éd.) (2003). Schiff's diseases of the liver (éd. ka-9). Philadelphia: Lippincott, Williams & Wilkins. ISBN 0-7817-3007-4
- Sheila Sherlock & James Dooley (2002). Diseases of the liver and biliary system (éd. ka-11). Oxford, UK; Malden, MA: Blackwell Science. ISBN 0-632-05582-0
- David Zakim & Thomas D. Boyer (éd.) (2003). Hepatology : a textbook of liver disease (éd. ka-4). Philadelphia: Saunders. ISBN 0-7216-9051-3
- Sanjiv Chopra (2002). The Liver Book: A Comprehensive Guide to Diagnosis, Treatment, and Recovery. Atria. ISBN 0-7434-0585-4
- Melissa Palmer (24 Méi 2004). Dr. Melissa Palmer's Guide to Hepatitis and Liver Disease: What You Need to Know (éd. rév.). Avery Publishing Group. ISBN 1-58333-188-3.
- Howard J. Worman (1999). The Liver Disorders Sourcebook. McGraw-Hill. ISBN 0-7373-0090-6.
Baca ogé
[édit | édit sumber]Tumbu kaluar
[édit | édit sumber]- American Association for the Study of Liver Diseases AASLD
- American Liver Society Archived 2016-01-12 di Wayback Machine ALS
- WikiLiver: A Wiki dedicated to the liver
Sistim cerna |
Baham - Faring - Ésofagus - Burih - Pankréas - Hampru - Ati - Peujit leutik (duodenum, jejunum, ileum) - Kolon - Cecum - Réktum - Bool |