Location via proxy:   [ UP ]  
[Report a bug]   [Manage cookies]                

ariel

1.Conto Dongeng Fabel : 1.Gagak Hayang Kapuji Aya gagak maling dengdeng ti pamoean. Geleber hiber bari ngaheumheum dengdeng tea kana tangkal dadap sisi lembur. Kabeneran harita katangeneun ku anjing nu kacida kabitaeunana da puguh kabeukina. Kusabab kitu, ku anjing disampeurkeun. Tapi sanggaus anjing aya dihandapeun, boro-boro ditanya teu direret-reret acan. Anjing mikir piakaleun supaya dendeng tea kapimilik ku manehna. Sanggeus manggih anjing ngomong, Leuh aya manuk alus-alus teuing. Pamatukna panjang bulu hideung tapi mani lemes kitu. Manuk naon nya ngaranna? Kawasna mah moal aya tandingna dibandingkeun jeung cendrawasih ge moal eleh.” Mimitina mah omongan anjing teh teu didenge . Tapi sanggeus aya omongan moal eleh ku cendrawasih, gagak atoheun pisan. Manehna kungsi beja yen cendrawasih tehmanuk pang hadena. Tapi ceuk anjing manehna moal eleh”. Kitu nu matak manehna ngarasa ngeunah kupamuji anjing. Malah ceuk pikirna deui asa haying ngabagi dengdeng jeung anjing. Ngan kusabab hese meulahna kahayangna teu kalaksanakeun. Anjing nempo beungeut gagak marahmay sanggeus dipuji ku manehna. Ceuk pikirna pasti usahana hasil. Ceuk pikirna deui naon hesena muji-muji keur ngahontal kahayangna.Kusabab kitu pok deui anjing,”Lamun daekeun mah haying nyobat jeung manuk nu sakitu lucuna. Ngan rumasa sorangan mah sato hina. Saumur-umur kudu ngadunungan, sare digolodog, rajeun manggih hakaneun oge pasesaan. Tapi najan teu bisa nyobat oge jeung manuk lucu, atuh ngadenge-ngadenge sorana. Meureun moal panasaran teuing!”. Barang ngadenge pamuji anjing anu sakitu ngeunahna, gagak poho keur ngaheumheum dengdeng, ngan ngong we disada, “Gaak Gaaak” cenah. Atuh barang engab pamatukna barang pluk we dengdeng tehmurag. Anjing gancang nyantok dengdeng nu murag tea tuluy dihakan di nu bala. Gagak nu hanjakaleun mah teu ditolih. Sababaraha jongjonan gagak teh cindekul we dina dahan bari ngararasakeun teu ngeunahna ku kalakuan anjing. Manehna karek ngarti yen anjing muji bebeakan tehhaying dengdeng nu keur diheumheum ku manehna. Ti dinya mah geleber gagak tehhiber kana tangkal kai rek neangan hileud keur ganti dengdeng nu disantok ku anjing 2.Gagak Pinter Kacaritakeun di urang kungsi halodo banget. Nu dimaksud ku halodo banget tehhalodo pisan.Henteu ari nepi ka teu ay amah. Nu ngarala cai kudu jauh sabab din u deukeut mah geus teu aya. Wahangan saat, talaga ngoletrak, sirah cai ge nu biasana ngagelenggeng ka luarna ukur sagede cinggir. Sumawona ledeng jeung sumur geus teu caian. Waktu halodo banget nu susah kucai teh lain ngan jelema. Sato hewan jeung tutuwuhan ge saenyana susah. Kacaritakeun dina jaman kitu, aya gagak kacida halabhabeunana hayang nginum . Neangan cai ka wahangan jeung talaga mah teu manggih. Ngan kebeneran atuh dina gentong dina hiji saung nu jauh ka ditu ka dieu bet aya cai. Hanjakal caina saeutik ukur sapertiluna meureun. Si gagak teheuntreup dina biwir gentong tuluy nyoba-nyoba ngarongkong cai ku pamatukna. Ngan hanjakal teu katepi teu antel-antel acan. Ari rek ancrub sieuneun tilelep. Ku sabab kitu gagak tehbati gereget, kieu teu bisa kitu teu bisa, ari cai sidik aya. Gagak uleng mikiran cara ngala cai tina gentong. Sanggeus kapikir, susuganan cai tea rek dibaledog ku batu. Upama aya nu ngecret gancang dipacok. Ku cara kitu sugan bisa ngubaran halahabna. Teori eta ku manehna dipraktekkeun. Hanjakal hasilna kurang nyugemakeun.Ku kitu tea mah newak cai nu ngecret ku pamatukna henteu gampang. Tapi ku mindeng maledogkeun batu kana gentong, beungeut cai naek. Sihoreng saban batu ngalelep. Nyeredkeun cai ka luhur. Tina pangalaman pamaledog, gagak baki getol ngasupkeun batu kana gentong. Teu dibaledogkeun deui kawas tadi, da najan aya nu ngacret ogehese newakna, diasupkeun biasa we. Sanggeus manehna bulak-balik ngasupkeun batu aya kana ratusan kali, tetla beungeut cai dina gentong naek ka luhur, sarta bisa dirongkong ku pamatukna. Geus kitu mah gagak tehngaleklek we nginum saseubeuhna.Sato-sato sejen mah usum halodo banget harita ripuh neangan cai. Manehna mah alhamdulillah da boga dina gentong 2.Conto Dongeng Legenda 1.Situ Bagendit Di wewengkon Garut aya situ anu ngaranna kawentar ka mana-mana, nyaéta Situ Bagendit. Cék sasakala mah, éta Situ Bagendit téh asal-muasalna kieu: Baheula, aya hiji randa beunghar katelahna Nyi Endit. Ieu téh saenyana mah nénéhna, da ngaranna sajati mah Nyi Bagendit. Manéhna téh kacida pisan kumedna. Geus taya nu bireuk deui kana kakumedanana téh. Salian ti pakacar-pakacarna mah, tara aya nu larsup ka imahna. Éstuning lain babasan éta mah hirup nyorangan téh. Ngahaja mencilkeun manéh, ngababakan di tengah pasawahan anu upluk-aplak. Maksudna taya lian, ku bawaning embung campur jeung batur, da sieun kasoro téa. Kacaturkeun keur usum panén, di ditu di dieu ceuyah dibaruat. Ka sawah Nyi Endit ogé réa nu gacong. Ari réngsé dibuat jeung sanggeus paréna dikaleuitkeun, sakumaha tali paranti, Nyi Endit nyieun sidekah. Ngondang lebé jeung sawatara tatangga. Popolahna saniskara ku sorangan, teu aya nu ngabantuan. Barang geus tarapti, sakur nu mantuan ngakut tuluy diondang ngariung tumpeng. Atuh anu ngariung téh nepi ka ratusna. Tapi sadia tumpengna teu sabaraha, nepi ka ngan sakotéap gé geus bérés, bari tingkarétap kénéh.  Keur meujeuhna balakécrakan, solongkrong aya aki-aki bongkok nu nyampeurkeun. Ku pribumi teu ditari teu ditakon. Nya pok aki-aki téh waléh yén teu kawawa lapar, sugan aya sih piwelas. Ana gantawang téh Nyi Endit bet nyarékan, nyék-sék-nyéksékkeun, pajarkeun téh taya kaéra, teu ngahutang gawé, ménta bagian. Tungtungna nepi ka nundung, aki-aki dititah nyingkah. Cindekna mah geus lain picaritaeun wé. Aki-aki indit bari jumarigjeug, bangun teu nangan. Méméh indit manéhna ngomong kieu, “Sagala gé boh ka nu hadé boh ka nu goréng, moal taya wawalesna.” Ngomong kitu téh kasaksian ku sakur nu aya di dinya. Saréngséna nu dalahar tuluy amit rék baralik. Kakara gé patinglaléos, rug-reg ngarandeg, sabab aya nu tinggarero, “Caah! Caah!” cenah. Henteu kanyahoan deui ti mana datangna cai, ngan leb wé pakarangan Nyi Endit téh geus kakeueum. Atuh kacida ributna, jalma-jalma geus teu inget ka diri batur, asal salamet dirina baé. Nyi Endit ogé nya kitu, niat rék nyingkiran cai, tapi barang kaluar pisan ti imahna, cai téh nepi ka lir ombak laut tinggaruling ka palebah Nyi Endit. Imahna terus kakeueum méh laput. Nyi Endit angkleung-angkleungan, bari satungtung bisa mah teu weléh-weléh sasambat ménta tulung Tapi taya nu nulungan, da batur gé sarua ripuhna. Nyi Endit ngalelep. Beuki lila, cai téh beuki gedé baé. Nepi ka jadi situna, ngeueum sakabéh pakaya Nyi Bagendit 2.Situ Cileunca Jaman baheula di hiji leuweung geledegan, aya tangkal kai anu kacida gedéna jeung jangkungna, ngaran éta kai téh Rasamala. Sakabéh tatangkalan anu aya di sahandapeunana jeung di sabudeureunana éta tangkal kai gedé téh mani ngarasa gigis tur kacida mihormatna malah saolah-olah ngaku raja waé, rajana tangkal kai di éta leuweung téa. Dina hiji waktu, sawatara tatangkalan nu aya disabudeureunanan téh uplek ngabrol gunem catur. Anu ngamimitian ngobrolna téh tangkal Kareumbi, pokna téh kieu, “Lain, Ki Silah, ari di dinya rek angger anut wae jeung tetep rék ngaku raja ka Rasamala téh.” “Nya enya atuh, moal enya teu sauyunan atawa teu umum jeung batur, kuriak pada nyarebutkeun nu notorogan mun boga lampah anu béda ti batur téh,” ceuk tangkal Dadap. “Hih ulah waka boga anggapan kitu, anggur éta boga pakarang anu sareukeut, sasatna cucuk anu aya dipimilik ku awak sakujur gésék-gésék waé kana sakujur awak ngarah Rasamala téh peuriheun,” ceuk Tangkal Kareumbi. “Naha Ku naon kitu?” “Ngéwa tuda kami mah, éta mun aya milik téh hawek pisan, mun aya rijki sok dihampol dipiheulaan baé. Sok didongkang ku akar mayangna, jadi hakaneun téh béakeun ku sorangan. “Aéh heueuh nya, kakara eungeuh. Kaula gé sarua sok mindeng ngarahuh. Sakalina hayang moyan bet sok lebeng da panonpoé téh kahieuman baé ku dahan jeung daun Rasamala.” “Tah geuning kapikir ayeuna mah ku anjeun nya?” ceuk kareumbi nguntup. “Ké heula, urang ménta pamanggih anu séjén,” ceuk Dadap rada nyandet. Kuniang jukut alak-alak nyanghareup ka dadap jeung kareumbi. “Hih sukur atuh boda rencana kitu, puguh kuring gé sarua boga haté kitu ngan teu betus. Kuring gé ngan koré waé téh hésé ngajangkungan hésé rék ngarambat da kahalangan. Kuring ngarojong kana pamaksudan anjeun duaan,” pokna. “Yu atuh ulah léléda ari pada-pada boga kanyeri mah urang ngajorag Rasamala,”pokna. Teu lila Kareumbi, Dadap jeung jukut Alak-alak madep ka hareupeun Rasamala. “Pangapunten sun, numawi ngadeuheus téh abdi saparakanca seja ngadugikeun kasedih ati katugenah manah. Éta ka mastaka salira téh sok aya nu cucungah, manuk ésé nangka sok clé waé kana mastaka salira anu sasat jadi makuta anu kedah dipupusti ari ieu dikotoran. Mangga emutan. Kotoran téh sok janten manggandeuh anu sok nyongcay tuangeun salira.” Bakat ku ambek di mana aya manuk ésé nangka eunteup dina Rasamala sok ngagidegkeun tangkalna. Lila-lila tangkal Rasamala téh jadi purutul henteu daunan. Tinggal tangkal anu ngalengeceng tapi tanggoh henteu régrog sanajan kadupak angina kakeueum ku cileuncang anu ngadak-ngadak ngabendung sabudeureunana. Cileuncang anu ngeyembeng pedah cihujan teu bisa laju ka hirir kahalangan dangdaunan Rasamala anu numpuk. Kulah cileuncang lila-lia jadi ngalébéran, antukna jadi hiji situ anu katelah situ Cileunca, robah ucapan tina kecap cileuncang 3.Conto Dongeng Babad 1.Prabu Siliwangi sanggeeus karajaan pajajaran diserbu ku para prajurit ti banten, prabu siliwangi saputra garwa katut abdi-abdina nu satia, kaluar di luareun karaton terus diserbu ku pasukan musuh. Atuh dayeun pajajaran beuki sepi sabab rahayatna loba anu marubus ka leuweung.                Ngan Ki Senapati anu masih kaneh tanggoh, hayang ngalawan musuh. Ku sabab kate'njona bangun gagah hayang ne'mbongkeun kawedukan, mane'hna dicoba kasakte'nna ku ke'an santang, nyae'ta dititah nyabut iteuk. Iteuk ditanceubkeun dina taneuh, ku ki sanapati taluk ka ke'an santang sarta pamitan re'k nyusul prabu siliwangi.    prabu siliwangi kasapak keur ngarereb di gunung cibodas jeung bada-badalna. Manehna nyarita ye'n garwana, putrana sarta abdi-abdina dibe're kalonggaran naha re'k arasup islam atawa moal. Sanggeus cacarita sang prabu tuluy  ngahiyang, ngiles sapada harita. Abdi-abdina melengek ane'heun. Saware'h arindit tanpa tujuan. Sawareh deui cicing taretep di dinya di gunung cibodas, Lila-lila marane'hna jaradi arca (patung) anu kiwari katelah Arca Domas.              ari ke'an santang, terus ngislam-ngislamkeun urang pajajaran jeung rahayat nu aya di pagunungan nepi ka sancang, basisisr kiduleun garut 2.Cadas Pangeran Ti jaman baheula kěněh, antara Sumedang-Bandung, geus aya jalan, ngan harita mah lain jalan gedě cara ayeuna. Ulah mobil, dalah kahar ogě can tangtu bisa ngaliwat. Rajeun aya tutumpakan ukur kuda atawa tandu. Waktu Gubernur Jěndral Daěndels muka jalan pos ti Anyěr ka Banyuwangi. Kaayaan Cadas Pangěran harita masih kěněh mangrupa gunung batu nu kacida teuasna. Tapi, Daěndels tetep marěntahkeun kudu dibobok, supaya bisa diliwatan kandaraan. Nampi parěntah ti Gubernur Jěndral, Kanjeng Pangěran Kusuma Dinata, kapaksa miwarang rayat Sumedang. Dina waktuna rayat daratang ti mana-mendi, marekel pakakas sabogana-sabogana. Kawantu nu kudu dibobok těh cadas nu sakitu teuasna, hasilna těh henteu sabaraha. Katambah-tambah tempatna hara-haraeun, tungtungna loba nu maot kalaparan. Kocap hiji poě Kanjeng Pangěran, diiringkeun ku Patih Raděn Demang Mangku Praja, seja nampi pamariosan Gubernur Jěndral Daěndels atawa anu sok disebut ogě Jěndral Guntur. Taběatna Jěndral Guntur, babari haok porongos. Matak pada nelah Mas Galak, tina kecap marsekalek, basa Walanda. Barang jebul, beungeutna langsung merengut. Cacak kulitna bodas, katembong semu geuneuk, tandaning ambek pohara. Kana kabiasaan haok porongos Jěndral Guntur, kantenan Kangjeng Pangěran uninga. Ku kituna ti anggalna kěněh, anjeunna parantos taki-taki. Emutanana, ku sabab lalakon ngabobok gunung cadas henteu aya kamajuan, Si Mas Galak pasti bakal ambekna. Malah teu mustahil anjeunna bakal jadi korban, dibenduan Tuan Besar. Namung, anjeunna teu ieuh gimir, sareng teu badě nyalahkeun rayat. Margi kauninga, kumaha hěsěna ngadungkaran gunung batu ukur ngandelkeun tanaga jelema, dibantuan pakakas saaya-aya. Caturkeun Jendral Guntur cunduk ka tempat nu digarawě. Atuh Kangjeng Pangěran gancang ngahormat saperti biasana, manggut bari teras nyaketan. Dasar nu keur ambek, panghormat Kangjeng Pangěran, boro-boro ditarima samistina. Tapi, teu burung ari nyodorkeun leungeun, ngajak sasalaman mah. Ningali kalakuan Jěndral Guntur kitu, Kangjeng Pangěran ampir-ampiran teu kiat nahan bebendu. Dasar kumpeni, gerentesna, teu boga pisan rasrasan. Naha rayat aing rěk diantep jadi korban, gara-gara nedunan kahayang maraněhna. Pikeun němbongkeun eusi manahna, barang Jěndral Guntur ngasongkeun leungeun katuhu, ku Kangjeng Pangěran cukup ditampanan ku panangan palih kěnca. Sedeng panangan anu hiji deui, dianggo nyepengan sarangka keris, nu nyelap dina lebah cangkěngna. Ngahaja deuih si keris těh digilirkeun ka běh payun. Nyaksian kajadian kitu, kaběh nu araya pohara reuwasna. Kaayaan nu tadina ramě těh, jep jempě lir gaang katincak. Sarěrěa teu nyangka Kangjeng Pangěran kagungan peta kitu. Demi Demang Mangku Praja, semet reuwas kabina-bina, inggis panyakit Jěndral Guntur beuki parna. Jelema tukang nganteur amarah, kari-kari sarua jeung ditangtang adu kawani, pasti kana piraměeun. Kumaha lamun Jěndral Guntur, tuluy nitah serdadu Walanda, sina něwak Kangjeng Pangěran sabalad-balad. Něnjo kalakuan Pangěran Sumedang siga nu ngajak adu wawaněn, Jěndral Guntur langsung molotot. Beuki reuwas sakur nu ngabandungan, lantaran Kangjeng Pangěran males molotot deui. Tungtungna duanana papelong-pelong. Nu hiji nganggap aing kawasa, naha kudu ělěh ku bangsa jajahan, sanajan pangkatna raja. Nu hiji deui, niat ngajaga kahormatan, bakal nyilakakeun diri, risiko bongan jadi pamingpin. Bisa jadi lantaran kaburu ělěh mamaras, Jěndral Guntur pok miheulaan nanya, “Rěgen, naon maksud anjeun, pangna nampanan sasalaman kuring ku leungeun kěnca?” Rěgen těh sesebutan ka dalem. Nya diwaler ku Kangjeng Pangěran,  “Kangjeng Tuan, sim kuring reujeung rayat Sumedang, henteu niat mungpang kana parěntah kumpeni. Lain teu hayang geura-geura nganggeuskeun pagawěan. Ngan Kangjeng Tuan kedah terang, kumaha hěsěna ngabobok gunung batu anu sakieu teuasna,” bari nyejekkeun sampěan kana cadas. “Ngahaja sim kuring němbongkeun kanyeri hatě, ku sabab pamohalan bakal meunang kaadilan. Běh dituna supaya Kangjeng Tuan uninga, yěn sim kuring kajeun nandang hukuman, ti batan terus-terusan nyaksian rayat dikakaya. Nepi ka poě ieu wungkul, pirang-pirang nu maraot alatan panyakit jeung kalaparan.” Panjang lebar Kangjeng Pangěran sasauran, nepi ka Jěndral Guntur sadar, tětěla kendorna pagawěan těh, lain kurang temen digarawěna. Tapi, lantaran kacida hěsěna. Harita kěněh maněhna ganti marěntahkeun ajudanana, supaya ngadatangkeun tentara batalion zěni, lengkep jeung parabot keur nugaran gunung cadas. Salila nungguan tentara zěni daratang. Kangjeng Pangěran miwarang rayat digarawě deui, ngan teu kudu maksakeun hayang rěa beubeunangan. Sanggeus marentah ajudanana, solongkrong deui Jěndral Guntur ngajak sasalaman. Kalayan ěnggal ditampi ku panangan tengen Kangjeng Pangěran. Sakitu taun ti harita, jalan ti Bandung ka Sumedang teu burung anggeus. Sedengkeun ěta tempat, ayeuna katelah Tanjakan Cadas Pangěran. Maksudna keur pangěling-ngěling kana perjoangan Raja Sumedang Kangjeng Pangěran Kusuma Dinata. Sakapeung sok disebat Pangěran Korněl. 4.Conto Dongeng Parabel : 1.Si Kabayan Di cukur si kabayan teh kandulan pisan. ari kandulan teh jahe=jago he-es (beuki sare), teu kaop nyangkere atawa nyarande sok ker wae kerek. sakali mangsa si kabayan teh di cukur. di cukurna handapeun tangkal gede disisi jalan supratman. ari tukang cukur teh ruruntuk dalang, tadina hayang jadi dalang tapi teu kataekan, kalah jadi tukang cukur. teu wudu payu nyukurna teh da eta ari nyukur sok bari ngadalang. si kabayan ti barang gek diuk dina korsi panyukuran geus lelenggutan wae nundutan. saperti biasa tukang cukur teh ari ceg kana gunting jeung sisir tuluy wae ngabuih… ngadalang, pok na teh…. “tah kacatur keun di nagara alengka, rajana jenengan Dasamuka…. ari dasa hartina sapuluh… ari muka eta hartosna beungeut atanapi raray… “. si kabayan nu keur ngalenggut ngarasa ka ganggu ku nu keur ngadalang, bari heuay si kabayan nyarita “pondokeun wae mang…”  trek-trek tukang cukur teh ngaguntingan buuk si kabayan bari pok deui… ” ari geus kitu… eta Dasamuka teh bogoh ka dewi Sinta, geureuhna sri Rama… ” “pondokeun wae mang…”ceuk si kabayan nyaritana selang seling antara inget jeung heunteu bakating ku tunduh, teu lila reup deui sare….. lilir sakeudeung, tukang cukur teh keur ngadongeng keneh, ..” urang tunda dewi Sinta nu keur di Alengka, sabab di paling ku Rahwana…. caturkeun sri Rama….” si kabayan asa ka ganggu sarena terus nyarita bari lulungu “pondokeun mang….”….terus reup deui peureum. trek..trek tukang cukur ngaguntingan buuk si kabayan bari nuluykeun ngadongengna. ari tiap si kabayan lilir, tukang cukur teh keur ngabuih keneh wae ngadalang, tapi ari leungeunna mah tetep teu eureun-eureun ngaguntingan buuk si kabayan. si kabayan keuheuleun pisan sabab sarena kaganggu ku sora tukang cukur, nu sakapeung sok ngagerem nurutan sora buta atawa ngajerit nurutan sora dewi sinta basa di paling ku Rahwana… antukna si kabayan ngambek ka tukang cukur bari nyarita ” ceuk aing ge pondokeun…pondokeun…” tukang cukur nembalan “dipondokeun kumaha ieu geus lenang kieu..” ari ret si kabayan kana eunteung enya wae sirahna geus gundul teu sa lembar-lembar acan, puguh wae si kabayan teh ambek “nu dipondokeun teh dongeng maneh lain lain buuk aing…” si kabayan morongos, tukang cukur nembalan bari nyentak “bongan sorangan, naha atuh sare wae batur di gawe teh, lain nuhun di embohan ku dongeng teh…” ngan hing wae si kabayan teh ceurik bakating ku handeueuleun jaba ari balik ku barudak di poyokan bari di abring-abring “…penjol….penjol….” 2.Si Kabayan Ngala Nangka Si Kabayan dititah ngala nangka ku mitohana. “Nu kolot ngala nangka téh, Kabayan!” Ceuk mitohana. Kencling Si Kabayan ka kebon, nyorén bedog rék ngala nangka. Barang nepi ka kebon, Si Kabayan alak-ilik kana tangkal nangka. Manggih nu geus kolot hiji tur gedé pisan. Tuluy waé diala. Barang dipanggul kacida beuratna. “Wah, moal kaduga yeuh mawana, “ pikir Si Kabayan téh. Tuluy wé nangka téh ku Si Kabayan dipalidkeun ka walungan. Jung waé balik ti heula, da geus kolot ieuh!” ceuk Si Kabayan téh nyarita ka nangka. Barang tepi ka imah, Si Kabayan ditanya ku mitohana. “Kabayan, meunang ngala nangka téh?” “Komo wé meunang mah, nya gedé nya kolot,” témbal Si Kabayan. “Mana atuh ayeuna nangkana?” Mitohana nanya. “Har, naha can datang kitu? Apan tadi téh dipalidkeun dititah balik ti heula, ceuk Si Kabayan téh. “Ari manéh, na mana bodo-bodo teuing. Moal enya nangka bisa balik sorangan!” Mitoha Si Kabayan keuheuleun pisan. “Wah nu bodo mah nangkana, kolot-kolot teu nyaho jalan balik,” ceuk Si Kabayan bari ngaléos. 5.Conto Dongeng Pieunteungeun 1.Manuk Jeung Garuda Aya garuda tarik pisan nyamberan anak embé. Disamber, diranggeum, tuluy dibawa ngapung. Harita, aya manuk gagak nyahoeun. Manéhna kabitaeun hayang nurutan kalakuan gagak. Ceuk manuk gagak, “Katurutan moal nya lamun aing siga kitu?”. Kabeneran, sanggeus nyarita kitu, gagak nempo aya embé badot. Gagak tuluy hiber luhur pisan, sanggeus di luhur monteng nutug ka handap. Bari nurutan garuda, gapruk nyamber embé badot sarta diranggeum ku cakarna. Barang rék dibawa hiber, sukuna tikait kana bulu susuri embé. Atuh teu bisa hiber deui. Nu ngangon embé nyahoeun. Gancang baé gagak téh ditéwak, diteukteukan bulu jangjangna, sarta tuluy dibikeun ka anakna, dipaké kaulinan. Ceuk anak nu ngangon, “Bapa éta manuk naon?” Témbal bapana, “Ieu manuk téh hayang bisa nurutan garuda, tapi tétéla ieu téh manuk gagak!” Hartina ieu dongéng: ulah wani-wani nurutan kalakuan batur nu moal katanagaan ku awak urang. Moal aya nu bisa nulungan kana sial jeung wiwirang urang, iwal akal urang nu kudu ngira-ngira, ngukur ka kujur nimbang ka awak 2.Rambetuk Jeung Singa Hiji poé aya singa nu keur kacida ambekna. Gawena ngan bulak-balik, kaluar asup ka leuweung. Kituna téh bari gegero sesegor. Puguh baé sato séjénna sarieuneun. Aya rambetuk nu ngadéngéeun, sarta gétékkeun pisan ku kalakuan singa. Ceuk rambetuk, “Kasebelan tah Singa. Mun kapanggih di mana baé rék diajak perang tanding.” Singa nu ngadéngé omongana pok némbalan, “Montong loba omong siah!” Rambetuk gancang hiber, tuluy asup kana liang irung singa bari nyocoan. Puguh wé singa beuki ambek bari nyakaran huluna sorangan nepi ka rawék, raraheut, jeung baloboran getih. Sanggeus karasa nyeri, singa téh tobat ngaku éléh. Rambetuk bungah kacida lantaran meunang perang, tuluy bijil tina irung singa sarta hiber. Niatna rék uwar-uwar, ngabéjakeun yén manéhna meunang perang ngalawan singa. Kabéh sato rék dibéjaan. Ngan lantaran hiberna rusuh teuing, gapruk téh nabrak ramat lancah. Atuh teu bisa usik, sarta teu mustahil bisa paéh di dinya. Rambetuk meunang kasusah anu pohara, sanajan tadi bisa meunang perang tanding jeung singa. Hartina ieu dongéng: Jelema kumaki mah matak gancang meunang cilaka. Mun urang keur punjul, ulah sok susumbar teuing, bisi engké aya nu males, cara rambetuk nu tiwas dina tataheunan ramat lancah 6.Conto Dongeng Mite 1.Ratu Inten Dewata Seueur nu nganggap yén carios Ratu Inten Déwata téh mung saukur dongéngan legénda wungkul, margi taya buktos nu pasti atanapi data émpiris nu leres-leres tiasa dipercanten. Sanaos kitu, carios Ratu Inten Déwata masih tetep ngarupikeun dongéng karuhun nu masih dipercanten ayana, utamina ku masarakat Tarogong, Garut, salaku carita sasakala karuhun karajaan Timbanganten. Taun 50-an pribados kantos ngahaja ngadongkapan ka sababaraha situs nu dianggap patilasan karajaan Timbanganten. Di antawisna lokasi Korobokan, Cipanas, sareng Gunung Putri. Hanjakalna, maksad ngajugjug ka puncak gunung Guntur mah teu laksana, jalaran kaayaan kaamanan waktos harita pikarisieun, ku mahabuna gorombolan. Waktos ngajugjug ka lokasi Korobokan teu tebih ti kacamatan Tarogong kiwari, taun 50-an mah masih kénéh aya seueur gundukan batu. Katingal pabalatakna gundukan babatuan, sapertos patilasan bangunan lami. Sabudeureunnana seueur kakaian sarupaning tatangkalan arageung, pacampur jeung eurih. Oge aya sababaraha kuburan lami nu teu kapiara, pating solengkrah. Éta lokasi téh aya dina pasir luhur bukit alit. Leumpang ka punclutna téh asa capé da nanjak. Cenah di éta lokasi téh aya dugaan patilasan karajaan Timbanganten. Nanging upami urang kadinya waktos ayeuna tahun 2008 mah, eta situs teh tos moal katingal deui. Nu aya mah seueur bangunan enggal diantawisna bangunan sakola sareng bumi-bumi mani pasedek-sedek. Teu kapendak deui gundukan-gundukan batu nu kapungkur kungsi diduga patilasan karajaan Timbanganten. Di puncak gunung Putri, mun urang nyawang ka palih wetan sareng kidul, plung plong pikawaaseun. Palih wetan, dihandap teu tebih, katingal atra pamandian Cipanas, rada tebihan wetaneunana muncunguk kacamatan Tarogong. Palih kidul rada tebih, nanging eces katingal bumi-bumi, bangunan, sareng masjid Agung Garut. Pantes, sareng kasawang ieu tempat teh taya sanes dalah situs patilasan kanjeng Ratu Inten Dewata nu kantos ngababakan di ieu tempat. Karajaan Timbanganten teh sakawitna puseur dayeuhna teh di Korobokan, lajeng ngalih ka Tarogong saparantosna gunung Guntur bitu. Karajaan Timbanganten kalebet nagara madeg mandiri, hartina teu kaereh/kajajah ku nagara deungeun. Tanahna subur makmur gemah ripah lohjinawi, murah sandang murah pangan, rea ketan rea keton. Sepi paling towong rampog teh lain ukur ngan babasan. Rajana katelah Rangga Lawe, hiji raja nu adil palamarta, gede wibawa tur dipikacinta ku rahayatna. Saleresna nu kedah nyekel kadali pamarentahan teh sanes Rangga Lawe, nanging rakana nu kasebat Ratna Inten Dewata. Hiji istri geulis camperenik, salirana jangkung alit, kulitna koneng. Rambutna hideung meles galing muntang bawana ngajadi. Tapi anjeunna teu hoyongeun nyepeng karajaan, kalah dipasrahkeun ka raina Rangga Lawe, hiji jajaka nu dedeg sampe rupa hade rancingeus, pertentang tur parigel. Ceuk sakaol, sateucanna Rangga Lawe jeneng raja, nu nyepeng karajaan Timbanganten teh ramana suargi nu jenengan Rangga Raksa Nagara. Ti parameswari Dewi Gandani anjeunna kagungan dua putra. Nu cikal jenengannana Ratna Inten Dewata, ari raina mah Rangga Lawe. Sawaktos raja sepuh bade ngantunkeun alias tilar dunya, kantos mantenna masihan bewara dina hiji riungan rehna mantenna bade masrahkeun karajaan Timbanganten ka putrana nu cikal nyeta Ratna Inten Dewata, margi kitu aturan buhun karuhunna. Nanging kalayan lantip, Ratna Inten Dewata ngawaler: “Abdi parantos kedal ucap, seja ngalaksanakeun kereteg hate, upami diparengkeun abdi panjang umur, Ama sareng Ibu parantos teu aya, abdi hoyong nyirnakeun pikir, ngahenang-ngahening nyorangan ngababakan. Cindekna teu hoyong kadali pamarentahan. Kukituna, sanes nampik pangasih Ama, bawiraos sae pasihkeun bae ieu karajaan teh ka pun adi Rangga Lawe. Kalintang pantesna upami pun adi jadi raja, hiji jajaka pertentang, gede wawanen, perceka dina sagala rupa hal. Tah, ku kituna ka rayi Lawe, prak geura tampa amanat jeung kaasih ti Ama jeung ti lanceuk. Geura cekel ieu karajaan Timbanganten”. Heuleut sababaraha waktos, lajeng Ratna Inten Dewata angkat ka gunung Kutu nu kiwari disebat gunung Guntur, disarengan ku Ki Rambut Putih, nu bumela ngaping ngajaring sang putri. Mangtaun-taun marantenna ngababakan di hiji tempat nu katelah Babakan Putri. Tempat nu kalintang pikabetaheun. Hawana seger. Komo mun pareng kekembangan nyambuang sarareungit. Manuk-manuk recet disarada. Ngerelekna sora pancuran nu ngocor kana empang matak betah tumaninah. Hiji mangsa karajaan Timbanganten mayunan cocobi nu kalintang ageungna. Nyeta halodo panjang, dugi ka masyarakat karajaan Timbanganten tigerat kakirangan cai. Aya usulan ti para gegeden karajaan supados ngadamel bendungan cai, sumber caina nyandak atanapi ngabedol babakan Putri nu waktos harita ngarupikeun padepokan Ratna Inten Dewata.  Kalayan teu ngemutkeun kumaha mamanahan sareng pamadegan ingkang raka, Rangga Lawe nyaluyuan pikeun ngabongkar babakan Putri, nu caina engke baris dikocorkeun ka bendungan karajaan Timbanganten. Tempat anu dipikabetah ku Ratna Inten Dewata teh lajeng dibukbak, teras didamel tambak, teu tata pasini heula kanu kagunganana.  Ratna Inten Dewata kalintang benduna. Dadak dumadak langit angkeub nutup buana Timbanganten jeung sabuderna. Kawitna mah rahayat Timbanganten suka bungah. Angot Rangga Lawe mah, dikintenna hujan bakal turun, katurug turug tambak cai tos bade rengse.  Tapi kasuka jeung kabungah harita keneh sirna, sabab ngadak-ngadak taneuh oyag. Gunung Guntur bangun nu ngaguruh. Lini gede mimiti karasa. Taneuh inggeung. Gelap pating burinyay. Bumi genjlong asa digunjang ganjing. Gunung Guntur ngabudalkeun batu pating saliwer. Langit asa tungkeb. Pating jelegurna sora gelap dina ponclot gunung Guntur beuki motah. Tatangkalan pating dorokdok raruntuh, pareunggas katebak angin tarik naker. Geus kitu mah kakara rahayat Timbanganten ngarasa gimir. Bur-ber ka ditu kadieu. Pating jarerit, pating koceak. Rangga Lawe kakara sadar, yen eta kajadian kitu teh mangrupa bebendon ti dewa, dumeh geus wangkelang bedegong ka nu jadi lanceuk. Cul anak pamajikan, Rangga Lawe seja milarian Ratna Inten Dewata, rek mundut dihapunten. Mantenna moal sugema, upama teu amprok heula jeung nu jadi lanceuk. Kersaning Hyang Widi, Rangga Lawe tepang jeung Ratna Inten Dewata. Kudupruk bae anjeunna nyuuh kana dampal sampean Ratna Inten Dewata, sabari nyarios dumareuda: ”Duh, Mbok, hapunten jisim kuring rumaos lepat. Ieu teh bebendon Hyang Widi ka jisim kuring, nu bedang wangkelang ka salira Mbok”. Satutasna Ratna Inten Dewata ngahampura kana kalepatan Rangga Lawe, ngadak-ngadak lini teh eureun. Gunung Guntur teu ngutahkeun deui leutak panas. Batu gede, batu leutik geus taya nu pating belewer deui. Langit ngadak-ngadak lenglang, angin leler. Ciri Dewata nyakseni kana kabersihan hate Ratna Inten Dewata. Ceuk sakaol, Ratna Inten Dewata sareng Ki Rambut Putih lajeng arangkat ka palih wetan nu dituju nyeta gunung Talagabodas ayeuna, duanana maksad neraskeun ngasakeun tatapana. Sarta didinya pisan marantenna tarilem. Ari Rangga Lawe mah, angkat ka hiji tempat nu seueur kokocoran cai. Rangga Lawe nya ngababakan deui. Lila-lila eta babakan teh beuki rame batan Korobokan kapungkur. Nepi ka kiwari babakan enggal teh katelah Tarogong. Korobokan nu kapungkur kantos janten pusat dayeuh Timbanganten, janten leuweung da teu dipirosea deui.Tapi ari ngaranna mah masih keneh tug nepi ka ayeuna. Mitutur catur kapungkur, Rangga Lawe nu dijenengkeun raja deui ku rahayat Tarogong, sabada bumen-bumen di dinya, tilem teu ngantunkeun tapak. Cipanas ayeuna jadi pamungpungan ti mana mendi, mangrupa wewengkon pariwisata. Boh keur sukan-sukan, atawa ngadon tatamba pangpangna caina matih pikeun nu katarajang kasakit kulit. Nya kitu deui Tarogong ayeuna leuwih rame batan kampung Korobokan. Padahal samemehna mah Korobokan teh puseur dayeuh karajaan Timbanganten. Tapi ayeuna mah ukur ngaran kampung. Tarogong mah beuki lila beuki rame. Garut katelah jadi Kota Inten 2. Sri Baduga Maharaja (Ratu Jayadewata) ngawitan pamaréntahan jaman Pajajaran, anu maréntah salila 39 warsih (1482-1521). Dina mangsa ieu pisan Pakuan ngahontal penclut perkembanganana. Dina prasasti Batutulis diwartakeun yén Sri Baduga dinobatkeun dua kali, nyaéta anu kahiji sabot Jayadewata narima tahta Karajaan Galuh ti bapana (Prabu Déwa Niskala) anu saterusna boga gelar Prabu Guru Dewapranata. Anu kadua sabot manéhna narima tahta Karajaan Sunda ti mitohana, Susuktunggal. Jeung kajadian ieu, manéhna jadi pangawasa Sunda-galuh sarta dinobatkan déngé gelar Sri Baduga Maharaja Ratu Haji di karajaan Pakuan Pajajaran Sri Sang Ratu Dewata. Jadi, sakali deui sarta pikeun pamungkas kalina, sanggeus "sepi" salila 149 warsih, Jawa Kulon nyaksian deui iring-iringan rombongan raja anu pindah tempat ti wétan ka kulon. Pikeun nuliskeun kaayaan kepindahan kulawarga karajaan bisa ditempo dina Pindahna Ratu Pajajaran. Prabu Siliwangi Di Jawa Kulon, Sri Baduga ieu leuwih dipikawanoh kalayan ngaran Prabu Siliwangi. Ngaran Siliwangi geus kacatet dina Kropak 630 minangka lakon pantun. Naskah éta ditulis warsih 1518 sabot Sri Baduga masih hirup. Lakon Prabu Siliwangi dina sagala rupa vérsina nu intina carita inohong ieu jadi raja di Pakuan. Kajadian éta ti sagi sajarah hartosna waktu Sri Baduga miboga kakawasaan anu sarua badagna jeung Wastu Kancana (akina) landian Prabu Seungit (nurutkeun tetempoan para pujangga Sunda). Nurutkeun talari lila, jelema ajrih atawa henteu kaci nyebutkeun gelar raja anu saéstuna, mangka juru pantun memopulerkan sebutan Siliwangi. Kalayan ngaran éta pisan manéhna dipikawanoh dina pustaka Sunda. Wangsakerta ogé ngungkabkeun yén Siliwangi lain ngaran pribadi, manéhna nulis: "Kawalya ta wwang Sunda lawan ika wwang Carbon mwang sakweh ira wwang Jawa Kulwan anyebuta Prabhu Siliwangi raja Pajajaran. Dadyeka dudu ngaran swaraga nira". Indonésia: Ngan urang Sunda sarta urang Cirebon sarta kabéh urang Jawa Kulon anu nyebutkeun Prabu Siliwangi raja Pajajaran. Jadi ngaran éta lain ngaran pribadina. Mangsa ngora Wayah ngorana Sri Baduga kaceluk minangka ksatria pemberani sarta tangkas, komo hiji-hijina anu kungsi ngéléhkeun Ratu Japura (Amuk Murugul) wayah bersaing memperbutkan Subanglarang (pamajikan kadua Prabu Siliwangi anu ngagem agama Islam). Dina sagala rupa hal, jelema sazamana kainget ka kagedean mendiang buyutna (Prabu Maharaja Lingga Buana) anu gugur di Bubat anu digelari Prabu Seungit. Ngeunaan hal éta, Pustaka Rajyarajya i Bhumi Nusantara II/2 ngungkabkeun yén urang Sunda nganggap Sri Baduga minangka gaganti Prabu Seungit, minangka silih anu geus leungit. Naskahnya ngeusi kieu (hartina waé): "Di medan perang Bubat, manéhna loba membinasakan satruna alatan Prabu Maharaja pohara ngawasa élmu pakarang sarta mahér berperang, henteu daék nagarana diparéntah sarta dijajah batur. Manéhna wani nyanghareupan pasukan badag Majapahit anu dipingpin ku sang Patih Gajah Mada anu jumlahna henteu terhitung. Ku alatan éta, manéhna babarengan kabéh pengiringnya gugur henteu cangkaruk. Manéhna sok ngarep-ngarep kamakmuran sarta karaharjaan hirup rahayatna di sakumna bumi Jawa Kulon. Kemasyurannya nepi ka ka sawatara nagara di pulo-pulo Dwipantara atawa Nusantara ngaranna anu séjén. Kemashuran Sang Prabu Maharaja membangkitkan (rasa reueus ka) kulawarga, menteri-menteri karajaan, angkatan perang sarta rahayat Jawa Kulon. Ku alatan éta, ngaran Prabu Maharaja mewangi. Saterusna manéhna di sebut Prabu Seungit. Sarta turunanana tuluy disebut kalayan ngaran Prabu Siliwangi. Demikianlah nurutkeun penuturan urang Sunda". Perang Bubat Kesenjangan antara pamadegan urang Sunda jeung kanyataan sajarah kawas anu diungkabkeun di luhur gampang dijajagi. Pangeran Wangsakerta, penanggung jawab penyusunan Sajarah Nusantara, nganggap yén inohong Prabu Seungit nyaéta Maharaja Linggabuana anu gugur di Bubat, sedengkeun gagantina ("silih"na) lain Sri Baduga melainkan Wastu Kancana (aki Sri Baduga, anu nurutkeun naskah Wastu Kancana disebut ogé Prabu Wangisutah). Tah, urang Sunda henteu nengetan béda ieu ku kituna nganggap Prabu Siliwangi minangka putera Wastu Kancana (Prabu Anggalarang). Tapi dina Carita Parahiyangan disebutkeun yén Niskala Wastu Kancana éta téh "seuweu" Prabu Seungit. Naha Déwa Niskala (ayah Sri Baduga) diliwat? Ieu disebabkan Déwa Niskala ngan jadi pangawasa Galuh. Dina hubungan ieu inohong Sri Baduga memang penerus "langsung" ti Wastu Kancana. Nurutkeun Pustaka Rajyarajya I Bhumi Nusantara II/4, ayah sarta mitoha Sri Baduga (Déwa Niskala sarta Susuktunggal) ngan boga gelar Prabu, sedengkeun Jayadewata boga gelar Maharaja (sarua kawas akina Wastu Kancana minangka pangawasa Sunda-galuh). Ku kituna, kawas dikedalkeun Amir Sutaarga (1965), Sri Baduga éta dianggap minangka "silih" (gaganti) Prabu Seungit Wastu Kancana (ku Pangeran Wangsakerta disebut Prabu Wangisutah). "Silih" dina pengertian kakawasaan ieu ku para pujangga babad anu saterusna ditanggapi minangka pergantian generasi langsung ti ayah ka anak ku kituna Prabu Siliwangi dianggap putera Wastu Kancana. . Pustaka Nagara Kretabhumi parwa I sarga 2. Naskah ieu nyaritakeun, yén dina tanggal 12 bagian caang bulan Caitra warsih 1404 Saka, Syarif Hidayat ngeureunkeun pengiriman upeti anu sakuduna di bawa saban warsih ka Pakuan Pajajaran. [Syarif Hidayat masih incu Sri Baduga ti Lara Santang. Manéhna dijadikeun raja ku uana (Pangeran Cakrabuana) sarta jadi raja merdika di Pajajaran di Bumi Sunda (Jawa Kulon)] Sabot éta Sri Baduga cikénéh menempati karaton Sang Bhima (saméméhna di Surawisesa). Saterusna diwartakeun, yén pasukan Angkatan Sagara Demak anu kuat aya di Palabuhan Cirebon pikeun menjada kamungkinan datangna serangan Pajajaran. Tumenggung Jagabaya reujeung 60 anggota pasukanana anu dikirimkeun ti Pakuan ka Cirebon, henteu nyaho kehadiran pasukan Demak di ditu. Jagabaya teu berdaya nyanghareupan pasukan gabungan Cirebon-demak anu jumlahna pohara badag. Sanggeus berunding, pamustunganana Jagabaya menghamba sarta asup Islam. Kajadian éta membangkitkan kaambek Sri Baduga. Pasukan badag geura-giru disiapkeun pikeun narajang Cirebon. Tapi pengiriman pasukan éta bisa dicegah ku Purohita (pendeta pangluhurna) keraton Ki Purwa Galih. [Cirebon nyaéta wewengkon warisan Cakrabuana (Walangsungsang) ti mitohana (Ki Danusela) sarta wewengkon sakurilingna diwarisi ti akina Ki Gedeng Tapa (Ayah Subanglarang). Cakrabuana sorangan dinobatkan ku Sri Baduga (saméméh jadi Susuhunan) minangka pangawasa Cirebon jeung gelar Sri Mangana. Alatan Syarif Hidayat dinobatkan ku Cakrabuana sarta ogé masih incu Sri Baduga, mangka ékol pembatalan penyerangan éta bisa ditarima ku pangawasa Pajajaran]. Tah kitu kaayaan anu disanghareupan Sri Baduga dina mimiti mangsa pamaréntahanana. Bisa dimaklumi naha manéhna mencurahkan perhatian ka pembinaan ageman, pembuatan parit pertahanan, nguatkeun angkatan perang, nyieun jalan sarta nyusun PAGELARAN (formasi tempur). [Pajajaran nyaéta nagara anu kuat di darat, tapi lemah di sagara. Nurutkeun asal Portugis, di sakumna karajaan, Pajajaran ngabogaan kira-kira 100.000 soldadu. Raja sorangan ngabogaan pasukan gajah saloba 40 buntut. Di sagara, Pajajaran ngan ngabogaan genep buah Kapal Jung 150 ton sarta beberaa lankaras (?) pikeun kapentingan perdagangan antar-pulaunya (waktu éta perdagangan kuda jenis Pariaman ngahontal 4000 buntut/tahun)]. Kaayaan beuki rangkeng sabot hubungan Demak-cirebon beuki dikukuhkan kalayan perkawinan putera-puteri ti kadua belah pihak. Aya opat pasangan anu dijodohkan, nyaéta: Pangeran Hasanudin jeung Ratu Ayu Kirana (Purnamasidi). Ratu Ayu jeung Pangeran Sabrang Lor. Pangeran Jayakelana jeung Ratu Pembayun. Pangeran Bratakelana jeung Ratu Ayu Wulan (Ratu Nyawa). Perkawinan Pangeran Sabrang Lor landian Yunus Abdul Kadir jeung Ratu Ayu lumangsung 1511. Minangka Senapati Sarjawala, panglima angkatan sagara, Karajaan Demak, Sabrang Lor pikeun samentara aya di Cirebon. Persekutuan Cirebon-demak ieu pisan anu pohara mencemaskan Sri Baduga di Pakuan. Warsih 1512, manéhna ngutus putera makuta Surawisesa menghubungi Panglima Portugis Alfonso d'Albuquerque di Malaka (sabot éta cikénéh gagal ngarebut Palabuhan Pasai atawa Samudra Pasai). Sabalikna usaha Pajajaran ieu geus ogé meresahkan pihak Demak. Pangeran Cakrabuana sarta Susuhunan Jati (Syarif Hidayat) tetep ngahormatan Sri Baduga alatan unggal minangka ayah sarta aki. Ku alatan éta permusuhan antara Pajajaran jeung Cirebon henteu ngembang ka arah ketegangan anu melumpuhkan sektor-sektor pamaréntahan. Sri Baduga ngan henteu gumbira hubungan Cirebon-demak anu teuing, lain ka Karajaan Cirebon. Ka Islam, manéhna sorangan henteu membencinya alatan salah saurang permaisurinya, Subanglarang, nyaéta saurang muslimah sarta katilu anakna -- Walangsungsang landian Cakrabuana, Lara Santang, sarta Raja Sangara -- diidinan saprak leutik nuturkeun ageman indungna (Islam). Alatan permusuhan henteu nerus ka arah pertumpahan getih, mangka séwang séwang pihak bisa ngamekarkeun kaayaan dina nagarina. Demikianlah pamaréntahan Sri Baduga dilukiskan minangka jaman karaharjaan (Carita Parahiyangan). Tome Pires milu nyatet kamajuan jaman Sri Baduga kalayan koméntar "The Kingdom of Sunda is justly governed; they are true nga" (Karajaan Sunda diparéntah kalayan adil; maranéhanana nyaéta jalma-jalma jujur). Ogé diwartakeun kagiatan perdagangan Sunda jeung Malaka nepi ka ka kapuloan Maladewa (Maladiven). Jumlah pedes bisa ngahontal 1000 bahar (1 bahar = 3 pikul) sataun, komo hasil tammarin (asem) disebutkeunana mahi keur ngeusian muatan 1000 kapal. Naskah Kitab Waruga Jagat ti Sumedang sarta Pancakaki Masalah karuhun Kabeh ti Ciamis anu ditulis dina abad ke-18 dina basa Jawa sarta hurup Arab-pegon masih nyebutkeun mangsa pamaréntahan Sri Baduga ieu jeung mangsa gemuh Pakuan (kamakmuran Pakuan) ku kituna teu matak olohok lamun ngan Sri Baduga anu saterusna diabadikan kebesarannya ku raja gagantina dina jaman Pajajaran. Sri Baduga Maharaja landian Prabu Siliwangi anu dina Prasasti Tambaga Kebantenan disebut Susuhuna di Pakuan Pajajaran, maréntah salila 39 warsih (1482 - 1521). Manéhna disebut sacara anumerta Sang Lumahing (Sang Mokteng) Rancamaya alatan manéhna dipusarakan di Rancamaya