Karibia
Page Modul:Infobox/styles.css has no content.
Lega Wilayahna | 2,754,000 km2 (1,063,000 sq mi) |
---|---|
Lega Daratan | 239,681 km2 (92,541 sq mi) |
Populasi (2009) | 39,169,962[1] |
Kapadetan Penduduk | 151.5/km2 (392/sq mi) |
Sélér bangsa | Afro-Caribbean, Indo-Caribbean, Chinese Caribbean,[2] Suku Asli Karibia (Arawaks/Arawak, Karibia, Taínos), European |
Démonim | Hindia Kulon, Urang Karibia, Caribbean |
Basa | Spanyol, Inggris, Prancis, Walanda jeung Basa wewengkon |
Pamaréntahan | 13 nagara daulat 17 pamaréntahan peuntaseun laut |
Dayeuh | Santo Domingo Havana Santiago de los Caballeros Port-au-Prince Kingston Santiago de Cuba San Juan Holguín |
Domain Internet | Berbagai |
Kode Telepon | Berbagai |
Zona Waktu | UTC-5 hingga UTC-4 |
Karibia (/kærɨbiːən/ atawa /kərɪbiən/; basa Spanyol: Caribe) atawa Hindia Kulon nyaéta sakumpulan pulo anu pernahna di laut Karibia. Pulo-pulo ieu sabeulah kalérna laut Florida sarta kiduleun Vénézuéla di Amérika. Aya kana 7.000 pulo, anu ngawengku pulo, terumbu, jeung Caye. Pulo-pulo digolongkeun jadi dua puluh lima wilayah, éta kaasup nagara anu merdéka, departemen luar nagari, jeung daérah administrasi séjéna. Ngaran "Hindia Kulon" dumasar kana pamikiran Christopher Columbus panyangka manéhna geus anjog ka India sok padahal mah nepi di Amerika. Karibia diwangun tina Antilles gedé jeung Antilles leutik anu mangrupa bagéna ti Amerika kalér.
Nagara-nagara
[édit | édit sumber]- Antigua dan Barbuda
- Bahama
- Barbados
- Dominika
- Republik Dominika
- Grenada
- Haiti
- Jamaika
- Kuba
- Saint Kitts dan Nevis
- Saint Lucia
- Saint Vincent dan Grenadines
- Trinidad dan Tobago
Geografi, géologi, jeung iklim
[édit | édit sumber]Géografi jeung iklim di wewengkon Karibia béda-béda: Sababaraha pulo di ieu wewengkon kawilang rata asalna non-vulkanik. Pulo ieu kaasup Aruba (asal muasal tina vulkanik minor ), Barbados, Bonaire, Kapuloan Kayman, Saint Croix, Bahama, jeung Antigua. Anu séjénna mibanda gunung-gunung anu tarajal kawas kapuloan Cuba, Hispaniola, Puerto Rico , Jamaica, Dominica, Montserrat, Saba, Saint Kitts, Saint Lucia, Saint Thomas, Saint John , Tortola, Grenada, Saint Vincent, Guadeloupe, Martinik, jeung Trinidad & Tobago.
Di wewengkon ieu mibanda iklim tropis tapi curah hujan jeung luhurna béda-béda, ukuran, jeung arus cai . Angin haneut jeung beueus mayeng niup ti wétan nyieun bagéan leuweung rainforest / semidesert dina pagunungan. Northwesterlies sakapeung mangaruhan pulo kalér dina usum tiis. Wewengkon éndah jeung pikaresepeun panon poé sumirat sapanjang taun, usum dibagi kana ' garing ' jeung ' baseuh’ robah unggal genep bulan sakali.
Laut Karibia mangrupa imah jeung pulo karang anu gedé, pikeun pindahna lauk, penyu, jeung sajabana. Aréa Puerto Rico, pernahna disisi Samudera Atlantik jeung Laut Karibia kuloneun pulo Puerto Rico, mangrupa titik pangjerona disakuliah Samudera Atlantik [3]
Tutuwuhan jeung sasatoan
[édit | édit sumber]-
Épifit (bromeliads, naplok dina tangkal kalapa) di leuweung hujan Dominica.
-
Bangkong racun hideung jeung héjo, Dendrobates auratus
-
Caesalpinia pulcherrima, Guadeloupe.
-
Costus speciosus, Tatangkalan rawa, Guadeloupe.
-
Sakadang Keuyeup atlantik (Ocypode quadrata) in Martinique.
-
Crescentia cujete, buah calabash, Martinique.
-
Thalassoma bifasciatum (lauk wrasse bluehead ), luhureun Bispira brunnea (sakumpulan cacing bulu).
-
Dua Stenopus hispidus (Hurang) luhureun Xestospongia muta (giant barrel sponge).
-
Sapasang Cyphoma signatum (cowry cap ramo), di basisir Haiti.
-
salah sahiji Martinique amazon, Amazona martinicana, mangrupa kulawarga manuk béo anu geus tumpur.
-
Anastrepha suspensa, Hiji buah karibia anu bisa hiber
-
Hemidactylus mabouia, Toké tropis di Dominica.
Démografi
[édit | édit sumber]Dina mangsa kontak jeung Éropa, étnis dominan di Karibia nu kaasup Taíno ti Antillen Gréater jeung Lesser Antilles kalér, Pulo Caribs ti Lesser Antillen kidul, sarta grup leutik nu béda saperti Guanajatabey Kuba kulon jeung Ciguayo of Hispaniola kulon. Populasi Karibia ditaksir kurang leuwih aya kana 750.000, ti saprak kajadian kontak, katambah ayana gangguan sosial jeung sasaladna panyakit kawas cacar [4] ngabalukarkeun hiji kamunduran dina populasi Amerindian.[5]The Sugar Revolutions and Slavery, U.S. Library of Congress</ref> Ti taun 1500 nepi ka 1800 populasi mawar salaku budak/slaves anjog ti Afrika Kulon [6] saperti Kongo, Igbo, salila Cromwellian ti Inggris kumawasa Fon jeung Yoruba ogé tahanan militér jeung budak direbut ti Irlandia, tuluy diusir .[6] teu kungsi lila imigran ti Britania, Italia, Perancis, Spanyol, Walanda, Portugal jeung Denmark ogé juljol daratang .
Populasi di Karibia panglobana urang Afrika sarta Karibia Perancis, Anglophone Karibia jeung Walanda Karibia, aya ogé anu pangsaeutikna nyaéta sélérna bangsa Éropa Walanda, Inggris, Perancis, Italia jeung sélér Portugis. Asia , utamana sélérna urang Cina jeung India, ngawangun jadi hiji minoritas diéta wilayah jeung méré kontribusi ka masyarakat multiras. Séké sélérna anjog ka dieu dina abad ke-19 mangrupa budak beulian.
Politik
[édit | édit sumber]Régionalisme [7]
[édit | édit sumber]Masarakat Karibia béda kacida jeung masyarakat Barat séjéna ditempo tina kacamata, budaya, jeung kasibukan sakabéh wargana.[8] Ngeunaan ekonomi jeung politik nyanghareupan kaayaan anu umum mangrupa nagara-nagara leutik anu mandiri disakuliah nagara Karibia. Pangwangunan daérah mangrupa hiji tarékah anu mana geus méré kontribusi pikeun nyanghareupan masalah anu aya. Dina panempo politik jeung ékonomi, regionalisme diwangun pikeun méré lolongkrang negara-negara Karibia ilubiung dina urusan internasional kiwari dialpukahan ku ayana koalisi kolektif. Dina taun 1973, regionalisme politik munggaran di Karibia ku cukang lantaran ngaronjatna pamakéan Basa Inggris pikeun basa nagara Karibia ngaliwatan hiji lembaga anu dipiwanoh nyaéta Komunitas Karibia jeung Pasar Umum ( CARICOM )[9] pernahna di Guyana . Sababaraha urang sarjana mibanda pamikiran pikeun nyieun susunan ngeunaan hiji kacindekan anu bisa dipaké kusakabéh nagara karibia ku lantaran loba rupa dina politikna. Mimiti sistem komunis saperti Kuba nepikeun ka kapitalis Westminster aya ogé sistem parlementer saperti di Commonwealth Karibia. sawaréh timaranéhna mibanda pamanggih yén ieu pamikiran heureut teuing tur bisa jadi hiji bahan pacéngkadan unggal nagara di Karibia, Katempona Sistem Karibia kontemporer leuwih némbongkeun kasaluyuan modern jeung tradisional antukna ngahasilkeun hiji sistem hibrida anu ngébréhkeun variasi struktural anu kasebut alus jeung bisa jadi hiji kabiasaan konstitusional anu katémpo béda tisaméméhna ngan dina prakna dipaké maké cara anu sarua. "[10] kitu ogé dinagara-nagara karibia anu séjéna.
Pangaruh Amérika
[édit | édit sumber]Amérika Sarikat ngaliwatan Présidén Bill Clinton nyieun hiji tangtangan dina (WTO) pikeun ngalawan turngahalangan EU Eropa katelah Convention Lomé, nétélakeun ékspor cau anu baris ditarima ngan ti urut koloni Grup Afrika wungkul,[11] tangtuna ieu konvénsi ngan ukur nguntungkeun ka Afrika, antukna Karibia jeung nagara Pasifik séjéna menta ngrobah sawaréh kacindekan/parsatujuan anu katelah Cotonou satuluyna mangrupa kasaluyuan anyarna .[12]
Salila lumangsungna ieu pacéngkadan US / EU, Amérika Serikat netepkeu hiji harga anyar pikeun barang dagangan Uni Eropa ( nepikeun ka 100 % ) pikeun neken Eropa sangkan henteu ngarobah kacindekan dagang Amérika jeung nagara-nagara Karibia tur ngaalpukahan Kacindekan anyar nyaéta Cotonou.[12]
Patani di Karibia ngangluh ku morosotna kauntungan jeung ngaronjatna biaya ti saprak ngalaksanakeun ieu Konvénsi Lome . Antukna sababaraha urang patani mikir-mikir deui pikeun ngarobah tatanénna kana pepelakan anu dilarang atawa (narkoba), anu bisa ngahaslkeu kauntungan sababaraha kali leuwih ngaronjat jeung lobana paménta kana éta pepelakan utamana ti Amérika Utara dan Éropa.[13][14]
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |
Tutumbu Kaluar
[édit | édit sumber]- Kaunikan Karibia Archived 2015-09-07 di Wayback Machine
- Perpustakaan digital Karibia
- Gambar , konferensi , artikel ngeunaan Karibia Archived 2021-09-20 di Wayback Machine
- Federal Research Division of the U.S. Library of Congress: Caribbéan Islands (1987)
- West Indies papers Archived 2011-02-18 di Wayback Machine Miscellanéous personal and estate records, 1663–1929, University of Bristol Library Special Collections
- LANIC Caribbean country pages
- Latineos Archived 2011-03-11 di Wayback Machine Latin America, Caribbéan, arts and culture
- The Present State of the West-Indies: Containing an Accurate Description of What Parts Are Possessed by the Several Powers in Europe by Thomas Kitchin, 1778
Dicutat Tina
[édit | édit sumber]- ↑ https://www.cia.gov/library/publications/the-world-factbook/rankorder/2119rank.html Archived 2011-09-27 di Wayback Machine
- ↑ McWhorter, John H. (2005). Defining Creole. Oxford University Press US. p. 379. ISBN 0195166701.
- ↑ ten Brink, Uri. "Puerto Rico Trench 2003: Cruise Summary Results". National Oceanic and Atmospheric Administration. Diakses tanggal 2008-02-21.
- ↑ Byrne, Joseph Patrick (2008). Encyclopedia of Pestilence, Pandemics, and Plagues: A-M. ABC-CLIO. p. 413. ISBN 0-313-34102-8.
- ↑ From 1500 to 1800 the population rose as slaves arrived from West Africa
- ↑ a b To Hell or Barbados: The Ethnic Cleansing of Ireland, O'Callaghan S, Brandon Press, 2001, ISBN 0-86322-287-0.
- ↑ Regionalisme nyaéta
- ↑ Gowricharn, Ruben. Caribbean Transnationalism: Migraton, Pluralization, and Social Cohesion, Lanham: Lexington Books, 2006. p. 5 ISBN 0-7391-1167-1
- ↑ Hillman, p. 150
- ↑ Serbin, Andres (1994). "Towards an Association of Caribbean States: Raising Some Awkward Questions". Journal of Interamerican Studies and World Affairs 36 (4): 61–90. JSTOR 166319.
- ↑ WTO rules against EU banana import practices at the Wayback Machine (archived April 16, 2009). eubusiness.com (2007-11-29)
- ↑ a b "No truce in banana war". BBC News. 1999-03-08. Diakses tanggal 2010-08-23.
- ↑ "World: Americas St Vincent hit by banana war". BBC News. 1999-03-13. Diakses tanggal 2010-08-23.
- ↑ "Concern for Caribbean farmers". Bbc.co.uk. 2005-01-07. Diakses tanggal 2010-08-23.