Mantéga
Mentéga nyaéta produk kadaharan anu dijieuna tina susu.[1] Biasana dipaké pikeun olésan dina roti jeung biskuit.[1] Kecap mantéga aslna tina basa Portugis nyaéta manteiga.[1] Komposisi gizi margarin hampir sarua jeung mantéga, ngan bédana tina jumlahna.[2] Mantéga komposisi gizi lobana dina margarin nyaéta lemak (sabudeureun 80 persén).[2] Mantéga dijieuna tina lemak sapi sedengkeun margarin tina minyak sayuran.[2]
Kandungan giji
[édit | édit sumber]Mantéga miboga kandungan giji saperti lemak susu, lemak nabati, loba ngandung lemak, mineral jeung vitamin.[2] Vitamin dina matéga nyaéta vitamin A anu dibutuhkeun ku awak dina pungsi fisiologis jeung sistem endokrin.[2] Salain ti éta mantéga ogé miboga kandunagn itamin larut lemak lainna, saperti vitamin D, E, jeung K.[2] Vitamin A bersumber tina betakarotenoid atawa pigmen karoten lainna anu dihaja ditambahkeun pikeun gincu warna konéng.[2] Lemak mantega asalna tina lemak susu sato, anu sok disebut butter fat.[2] Mantéga miboga kandungan sajumlahing asam butirat, asam laurat, jeung asam linoléat.[2] Asam butirat bisa dipaké ku usus gedé pikeun sumber énérgi, lian ti éta pikeun senyawa antikarsinogénik (anti kangker).[2] Mantéga bisa dijieun tina lemak susu (utamana lemak susu sapi) anu amis atawa haseum.[2] Mantéga tina lemak susu anu haseum miboga cita rasa lewih kuat.[2] Lemak susu bisa diantepkeun jadi haseum sacara langsung atawa ngaliwatan inokulum murni baktéri asam laktat (prosés fermentasi).[2] Mimitina lemak susu dinétralkeun ku uyah karbonat, tuluy dipasteurisasi jeung diinokulasi ku baktéri anu bisa ngahasilkeun asam laktat salila prosés fermentasi.[2]
Rujukan
[édit | édit sumber]Artikel ngeunaan biologi ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |